Tah ieu tukang ngorong!
--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mang Meneer...! > Dihampunten pisan Mang Jojon..eh Mang John. > kade we tong sakali-kali deui nya ! heu heu > > Wilujeng sumping Mang, nepangkeun abdi Ndoell. > pameget, kawitna mah ti Linggarjati, Kuningan. > Mangga urang sami-sami diajar deui, ngabiasakeun deui > nyarios ku basa Sunda. > > Upami bade ka Bandung, bilih aya waktos salse, mangga > sumping ka acara Halal Bihalal Kusnet, di Bumi Perkemahan > Kiara Payung - Jatinangor. Dinten Saptu dugi ka Minggu, > kaping 27-28 Oktober 2007. > > Meh tiasa pendak sareng sakumna urang Kusnet. > Kitu Mang.. > > > -dul- > tukangteuing > > > > > --- In [email protected], "pinterpisan" <pinterpisan@> > wrote: > > > > Nyuhun dihapunteun kasadaya. > > Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade > nyuhunkeun > > dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna. > > Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina > > basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol. > > isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. > > Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun > biang. > > Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda > ti > > Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon? > > Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa > > Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia > > (bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios > sunda). > > Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun > > > > John siBodo > > >

