Kang Jon ulah leutik hate, di lembur ieu mah saha wae tiasa diajar basa sunda. Da kuring ge asana mah tongki sarua (gentong jeung pengki hihihihi). Wiljeng sumping, wilujeng ngagabung ka babakan kusnet. Atuh upami tiasa mah ngiringan halal bi halal engke kaping 27-28 Oktober di Kiara payung Jatinangor. Upami teu terang mangga nga japri wae ka abdi nya! Keun wae da penjajah ge teu goreng kabeh, sarua wae jeung pribumi teu bener kabeh. Kitu sanes? Pis ah!
--- In [email protected], "pinterpisan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nyuhun dihapunteun kasadaya. > Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade nyuhunkeun > dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna. > Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina > basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol. > isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. > Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun biang. > Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda ti > Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon? > Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa > Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia > (bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios sunda). > Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun > > John siBodo >

