Mang Meneer...!
Dihampunten pisan Mang Jojon..eh Mang John.
kade we tong sakali-kali deui nya ! heu heu

Wilujeng sumping Mang, nepangkeun abdi Ndoell.
pameget, kawitna mah ti Linggarjati, Kuningan.
Mangga urang sami-sami diajar deui, ngabiasakeun deui
nyarios ku basa Sunda.

Upami bade ka Bandung, bilih aya waktos salse, mangga
sumping ka acara Halal Bihalal Kusnet, di Bumi Perkemahan
Kiara Payung - Jatinangor. Dinten Saptu dugi ka Minggu,
kaping 27-28 Oktober 2007.

Meh tiasa pendak sareng sakumna urang Kusnet.
Kitu Mang..


-dul-
tukangteuing




--- In [email protected], "pinterpisan" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Nyuhun dihapunteun kasadaya.
>  Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade 
nyuhunkeun
> dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna.
> Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina
> basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol.
> isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. 
> Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun 
biang.
> Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda 
ti
> Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon?
> Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa
> Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia
> (bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios 
sunda).
> Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun 
> 
> John siBodo
>


Kirim email ke