Har... geuningan kang Asep teh urang Kiaracondong
caket atuh....
sim kuring mah calik di Binong Kulon.

Sakanteunan nepangkeun kasadaya wargi KUSNET
abdi Asep kawit ti Bandung, mung tos 10 tahunan
kuli di Cilegon,
mugi ditampi kusadayana.

Sumuhun, sim kuring mah
asa di lembur yeuh ngiring ngariung dina forum urang sunda,
sok asa waas nuju alit keneh


Baktos,
Asep oge




  ----- Original Message ----- 
  From: Aschev Schuraschev 
  To: [email protected] ; [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Monday, October 22, 2007 3:52 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] from mudik with love



  Dinten Saptu, ping 23 Oktober, sim kuring oge mudik ka Priangan Timur. Maksad 
utamina mah ka Sodong, Tasik, tempat lahir pun bojo. Sadinten sim kuring 
sabondoroyot mondok di Tasik. Ari pek teh aya jorojoy hoyong ka Pangandaran, 
Kampung Naga sareng Karang Kamulyan kumargi saumur-umur can terang eta tilu 
tempat teh. Terang Karang Kamulyan sareng Kampung Naga mung tina obrolan 
Kusnet. 

  Ping 24 Oktober, enjing-enjing, kalaksanakeun ka Pangandaran. Gening 
Pangandaran teh sae, nyugemakeun; pun anak gumbira pisan tiasa luncar luncur 
dina ombak.

  Rengse ti Pangandaran, nyimpang ka Banjarsari (nepangan uwana pun bojo). Laju 
ka Karang Kamulyan. Di Karang Kamulyan, nutur-nutur jalan anu brasna ka 
Patimuan walungan Cimuntur sareng Cimanuk. Monyet anu dicarioskeun ku MJ oge 
kalangkung tah. Boa-boa sim kuring papalangkung sareng MJ?

  Magrib dugi ka kota Tasik dipiwarang nyandak mujaer anu nembe diala ku 
kapiraka pun bojo. Bada Isa ngadius ka Bandung. Edas jam tujuh - dalapananan 
kapegat macet di wewengkon sateuacan Malangbong (hilap deui ngaranna tapi anu 
pasti masih kawengku ku Tasik). Macet teh dugi ka Nagreg. Dongkap di Nagreg teh 
jam 1 wengi. Ti dinya mah lancar; ka Kiara Condong, Bandung, mung peryogi 
satengah jam.

  Cape oge lalampahan ka Priangan Timur teh. Tapi matak sugema; jadi terang 
Pangandaran Karang Kamulyan sareng Kampung Naga.

  Salam,
  Asep 



  mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    wilujeng lebaran keneh. neda pangapunten lahir batin. kupatna araya keneh?

    lebaran kamari mah sukses bisa mudik sakloter jeung indung budak oge
    buntut dua. make kijang lanceuk beuteung (euweuh istilah lanceuk beuteung
    mah cenah, aya ge adi beuteung, lanceuk mah dahuan). supirna indung budak,
    da si kuring mah can dibere hayang resep nyupiran.

    jeung adi ti balikpapan aka tumbilakoka tea. macet di nagreg. ah aing mah
    sok nalangsa ari keur macet teh. lain soal permacetan nasional, da eta mah
    bagean ti ritual mudik, tapi nempo batur, nu mudik dina motor, keun we ari
    nu geus gede mah. ieu mah sakulawarga sigana. budak dua dibonceng. bapa
    supir, anak nu gede dihareup, nu leutik ditengah, indungna di tukang,
    pangtukangna kardus. mangkaning jauh mudik teh. karunya barudak. tapi da
    kumaha keur kitu usumna. deudeuh teuing. asana di negeri deungen mah, mawa
    budak na motor teh malah ditilang da teu meunang. hate jadi teu berag di
    jalan teh nempo batur. deudeuh.

    kabenerena anak indung bapa lima kumpul. jalu wungkul. katambah minantu
    opat jeung incuna lima. imah kolot nu tipe 35 teh puguh we pinuh. nya
    silaturahmi ka indung nu ngandung ka bapa nu ngayuga.

    isukna miang ka lembur aki nini ti bapa. di suku gunung sawal. ari aki
    nini na mah geus teu aya dikieuna. nu aya para mamang jeung bibi.jalan mah
    geus aspal, ngan ekonomi urang dinya can nguniang. padahal tujuan jalan
    diaspal teh dalam rangka percepatan pembangunan. sangkan urang gunung bisa
    leuwih cepet ngajual hasil tatanenna ka kota. tapi da ari teu boga
    kebon/sawah atawa ngan ukur cukup keur pakean mah, teu ngaruh.

    ngahaja asruk2kan ka leuweung/kebon deukeut imah aki nini nu ayeuna dieusi
    ku salah sahiji mamang nu jadi ajengan. beu, tanggal enteh geus euweuh.
    baheula mah sok ngala buahna sagede kaleci. cenah geus lila ge paeh, sabot
    nini ngantuntkeun. kitu deui mendong di balong, geus teu aya kieuna.
    padahal keur nini aya keneh mah, cai ngimun teh, make enteh meunang ngala
    di kebon, rasana has pisan. tapi ari rasa enteh eta di lembur eta mah aya
    keneh, da aya urang tonggoh nu sok jualan cenah, ti kebon entehna
    sorangan, nu teu lega. mendong oge kitu cenah, paraeh, sabot ditinggalkeun
    nini. mendong di balong eta teh bahan baku samak nu dijieun ku nini.

    keur leutik harita sok reueus ka nini aki nu motekar. enteh teu meuli da
    boga tangkalna, samak kitu deui, nyieun sorangan unggal sore nini mulih ti
    sawah/kebon. ayeuna mah geus beda. limaan, genep jeung bapa, ka makam aki
    nini nu ngarendeng tukangeun imah, handapeun dapuran awi. batu2na lumutan,
    siga makam di situs. imah panggung urut si kuring kungsi cicing, can
    sakola, ayeuna kari waasna. geus ganti ku tembok. tangkal jengkol mah aya
    keneh. ngan teu purun ngala teh. ngan dawegan mah angger,beak dua.

    isukna deui miang ka banjar, silaturahmi kapi lanceuk nu ngurus si kuring
    keur sakola di bdg, terus nyimpang ka situs Karang Kamulyan. monyet alias
    wanara aya keneh di lebih situs pancalikan (sigana urut singgasana raja
    tea). salam cenah. hehe. situs KK jajalaneun ka jawa tengah, banjar oge
    pangandaran. poe pere sok rame kunu daratang. sawareh mah sigana ngan ukur
    reureuh. halodo. jalan2 di jero situs nu biasa lumutan, garing.

    mj

    http://geocities.com/mangjamal







  __________________________________________________
  Do You Yahoo!?
  Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
  http://mail.yahoo.com 

   

Kirim email ke