Teu acan ah aki mah masih keneh yeuh, malihan kontrakna dugi 2009. Numawi
lebaran tahun ieu mah teu nyalse, cuti 10 dinten teh diangge ka Palembang 3
dinten, malah ka Tasik mah mung sadinten. Teu sempet nyawalan di Indonesia ah,
ping 21 Ahad oge tos mios deui, jalaran ping 22 barudak ngawitan kelas, atuh
ping 24 kedah ka UTM Semarak KL, biasa aya penilaian ka masing2 cawangan.
Hanjelu teu tiasa ngaluuhan HBH. Baktos aki tams.
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Aeh, leres pisan aki
tams. Aya kalepatan dina nyerat tanggalna.
Tah eta leres, ti tanjakan Gentong sim kuring nembe kenging kamacetan teh.
Aeh gening aki doktor teh tos aya di Endonesia. Nuhun atuh ari tos salamet
leupas ti Malaya mah.
Salam,
Asep
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ah ari ayi ??, aki tams masih
emut boboran teh ping 13 dinten saptu, sanes ping 23 da ping 23 mah enjing
dinten salasa. Eeh sanes ngalelewe yeuh, aki tams, ninina, oge sareng pun adi,
dinten ahad 14 Oktober teh ka palih kiduleun kota Tasik. Anu dibujeng tangtos
pun biang di kampung Burujul Jaya, ngalangkung ka Singaparna, teras nyimpangna
di Warung Legok. Ti dinya jalana awon, ah dipaksakeun wae si Zebra teh
ngarayap, da hoyong tepang sareng urang sarakan aki tams, khususna pun biang
sareng pun bibi. Ti Bandung enjing2 dugi ka lembur teh jam 11 an, lancar.
Sonten ba'da ashar oge wangsul deui ka Bandung. Sami kacegat macet di tanjakan
Gentong dugi Malangbong, ari di Nagreg mah dugi Bandung biasa normal.
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dinten Saptu, ping 23 Oktober, sim kuring oge mudik ka Priangan Timur.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com