Heureuy lawas...nu matak 4S jeung tetep hegar. Di-"refresh" deui kalayan rancage. "Rek si Ase, deuk si Emen moal diambeuan ku Aing!" Haha....sae, sae. Haturnuhun, siporenges Rebo tanggal 10 Oktober 2007 kuring mudik sarengsena jam kantor. Ti kantor nek kopaja 605A turun di parapatan cilandak diteruskeun naek 605 ka Kampung Rambutan. Ti kampung rambutan naeuk beus Kramat Jati nu ka Subang, Kuring diuk dina bangku nu kadua ti hareup belah kenca anu korsina dua-dua. Di hareupeun kuring diuk jelema jangkung badag siga preman. Kusabab tiris AC ku kuring di tutup liangna. Sapanjang jalan ti Kampung rambutan nepi ka tol bekasi timur mah lancar, Ti bekasi timur mulai macet, kusabab macet hawa jadi panas. Kapaksa kuring nangtung rek ngabuka liang AC, barang dibuka karasa angin tiis ngahiliwir. Siapa yang meniup punduk saya ceuk jelema anu jangkung badag hareupeun kuring Maaf pa, ini AC ceuk kuring bari kerung Teu paduli si AC, si Budi, Si ujang. Dibabad ku aing mah kabehna ge ceuk si bapa Ari kuring ngan bati olohok bari hayang seuri Hapunten Permiosssssss
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

