Ari kuring mah mun keuna ku flu tara nginum ubar nanaon, paling oge mun aya ngalobaan barang hakan bungbuahan. Mun keur di imah, nya sok disarekeun sawaregna, ngarah awak bisa reureuh. Sabangsaning ubar flu, biasana mah ngandung zat nu matak tunduh, ngahaja ngarah nu nginum obatna sare. Ari ayeuna mah aya oge nu justru ngandung kafein, jadi flu-na rada meueusan bari bisa tetep gawe. Mun bisa mah ulah kitu, sarekeun we anggur mah, teu kudu nginum ubar, da virus influenza mah can aya ubarna anu matih.
Nu mindeng narajang ka kuring mah kasakit jangar, ubarna sarua, disarekeun, atawa disarean (mun bisa, heuheu...). On 10/26/07, Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Geus 2 poe kuring katarajang flu, aya nungabejaan cenah nginum > panadol we. Pasti rada ngurangan panyakitna. > Nya kusabab hayang cageur jam 8 kuring nginum panadaol sasiki. Na > atuh, boro2 kacageur. Panon kalah nyileuk jadi teu bis sare. Nepi ka > jam 2 peuting teu reup. >

