Enya bener, ulah waka ngadahar ubar, istirahatkeun we heula. Ubar flu aya nu matak molotot wae, jadi lain istirahat. Ari kuring mah upama flu, heug kudu ngadahar ubar, sok ngadahar ASPIRIN, murah 10 siki ngan tilu rewu perak. Aspirin salian ti obat flu, ceuk cenah, oge obat "sagala rupa" kaasup ngencerkeun getih nu gede gunana keur nu boga panyakit darah tinggi jeung panyakit jantung. Gorengna, efekna kana lambung, komo kanu boga panyakit maag mah ....
Baktos, WALUYA --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari kuring mah mun keuna ku flu tara nginum ubar nanaon, paling oge mun aya > ngalobaan barang hakan bungbuahan. Mun keur di imah, nya sok disarekeun >

