Panadol teh sobat si kuring geus sababaraha taun. Da eta sok migren atawa nyeri sirah. Tapi tara hese sare. Jaba sakali am dua. Nu beureum. Heuheu.
Boa tos ngopi heula? Kopi oge tos teurak. Ari tunduh mah langsung we nambru. Kadang2 wungkul ngaruh. Ayeuna leungeun kenca sok singsireumeun teu puguh. Pibeunghareun sigana. Haha. aya urat nu pajeulit sigana -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Dena Sent: Friday, October 26, 2007 6:41 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Ati-ati Nginum Panadol Geus 2 poe kuring katarajang flu, aya nungabejaan cenah nginum panadol we. Pasti rada ngurangan panyakitna. Nya kusabab hayang cageur jam 8 kuring nginum panadaol sasiki. Na atuh, boro2 kacageur. Panon kalah nyileuk jadi teu bis sare. Nepi ka jam 2 peuting teu reup. Kajadian ieu sabenerna mah anu kadua kalina. Keur di lembur, kaserang migren bin jangar sabeulah. Terus nginum panadol deuih hiji. Hasilna Panon teu bisa peureum, awak seger, euweuh katunduh boro2 kaheuay! Karak bisa reup, jam satengah dua janari. Padahal awak cape kacida da karak mudik jeung kacegat macet!

