Nalingaan carita ti Kang Syam ....... meni hanjelu teu tiasa ngiringan HBH teh ..... Baruk dugi ka kitu geuning .. beu ... beu ... beu ... Cingan atuh Akang Kuncen ..... iraha tiasa ditoong albumna teh ..!? Supados langkung apdol. Diantos pisan yeuh ...... Hatur nuhun ah .....
Was, GL ---- Pesan Asli ---- Dari: syam Kepada: [email protected] Cc: [EMAIL PROTECTED] Terkirim: Selasa, 30 Oktober, 2007 12:18:49 Topik: [Urang Sunda] Kirpay Euy! Enyaan ! Daek beunghar, daek arateul sakusnet! Karek kamari pisan ka kirpay teh. Basa HBH tea. Apal ari lebah pengkolanana mah, da sok noong tina kaca lamun keur anyeucleu dina jok beus atawa elp. Mun ti arah cileunyi mah ngenca. Jalanna rada nanjak. Mokaha mun dijugjug bari jeung ngadaplak leumpang mah, bisa kesangan sabujur bujur, komo leumpangna bari ngiringkeun nini-nini mah. Iraha nepina,meureun ripuh we nu aya da kudu di tungtun sagala,kacipta dua tilu tanjakan deui pilampaheun, sinini menta diakod. Untung kadinya teh teu ngadaplak komo bari jeung ngiringkeun nini-nini mah. Lebah pengkolan unwin kareret aya salambar kertas nempel, ditulisan HBH Kusnet minangka pituduh. Kahaatan panyicia bisi aya pamilon nu nyasar. Umbul-umbul mah teu kaciri da meureun can nepi kadinya waragadna. Neangan seponsor ge meureun moal ieuh direret pikeun ngawaragadanana. Teu cara aya acara mengbal atawa konser musik teu sirikna paboro boro nyieun sepanduk atawa umbul umbul milu ngareuah reuah. Lah apan acara kasundaan mah sok dianggap teu komersil. Bit ketah! Keun da kusnet mah masih keneh dianggap barang goib, najan teu rajeg ku umbul umbul tapi heabna nepi kasakuliah dunya malahan parat kaalam pangimpian sagala. Harita jalan ka kirpay ngadadak lidig ku urang kusnet,ngan henteu ari nepikeun ka macet mah. Kawantu geus kuat adat daratangna sok narungtutan. Nu datang ngaligincing aya, nu sabondoroyotan ge aya. Tujuana kabeh sarua, hayang pajonghok jeung papada baraya kusnet. Jeun teuing kabogoh ngungudag ge, jeun teuing dibaeudan ku dunungan ge, nu penting bisa ka kirpay. Titik. Kitu tah nu kakobet na hate nu daratang. Jauh teu burung cunduk anggang teu burung datang, ahirna nepi kanu dituju. Hiliwirna angin gunung mapag kanu anyar datang disusul ku gelenyuna panampi tamu kawas nu surti ngabageakeun kanu lawas henteu patepung. Sataun juntrung teu lesot tirasa kasono,ngaburayot lir bulan alaeun, kiwari geus teu kuat nahan deui, nerejel, nya ahirna ngagubrag diwewengkon kiara payung pisan. Gup gap patarema dampal, keur mah geus ipis tilebaran mula, atuh dampal leungeun teh beuki ngempring we kawas kicimpring. Hawar-hawar indra bekti jeung indi barend-na kusnet mimiti ngemsi. Geus teu bireuk deui taya lian kang ikmal featuring nita upi, pertanda hajat gede kusnet moal lila deui nek digorolongkeun. Nu hadir mareneko sila tur aremok cabok. Rengse biantara ti panyicia jeung pupuhu kusnet, acara diteruskeun ka pidangan wayang catur. Jentrengna kacapi matak sing seredet kana hate, sumarambah kana bayah parat nepi ka cungcurungan. Rengse pidangan wayang catur, disambung ku pidangan kasenian tarawangsa. Deui-deui daek arateul sakusnet, enyaan karek harita nyaksian kasenian tarawangsa teh. Nelek-nelek tina ruruba anu disayagikeun, sok ras inget ka jaman baheula, lamun pisapoeun aki nek panen. Digoah sok aya nu kitu, aya tumpeng geulis, aya bakakak hayam, aya dewegan meunang mares, aya tumpukan boeh, aya parukuyan ngelun. Katingalina klenik pisan. Sing katapyak ngarigel bari nyolendangkeun salendang warna warni. Kuring ge kabagean kasoderan, bari samemehna omat-omatan kanu gigireun mun kuring kasurupan, endog jeung bakakak kudu siap dialungkeun. Leuheung endog jeung bakakak mah geus nyampak, coba mun kasurupan menta pizza hut, meureun kudu ngagidig heula ka Jatos. Untung teu kajadian da kaburu eureun, katambah tatabeuhanana kitu kitu wae, euweuh blaktukan. Sugan tea mah wirahmana bisa direka kawas orgen tunggal, boro kuring wawanian mundut lagu "kabogoh jauh" Rengse tarawangsa midang, diteruskeun ka jaipongan. Tah mun ieu mah enyaan ayaan "blaktukan" murak awug ge meuni asa ni'mat pisan da sajeroning ngahuapkeun awug teh panon mah teu ngiceup ngiceup manco kanu ngibing. Rindatna,imutna asa tamplok pisan ka kuring. Padahal mung ukur rarasaan, da batur ge sarua ngarasakeun nu sarupa kawas kuring. Abongkena geus kuat adat, datang nungtutan balikna oge nungtutan. Enya da tadina mah moal pipilueun minggat, nek ka riau 11 heula sakeudeung. Poho can murak obat. Bit ketah. Ngan kacandet kuhujan, nya ngaringkuk we dikost-an barudax, teu ka kirpay deui. Neda tawakup. Hatur nuhun ka panyicia anu tos tisuksuk tidungdung nyukseskeun ieu acara pon kitu deui kasepuhan kusnet sareng kanu sanesna. Iraha HBH deui? Da ngantosan lebaran mah lami teuing. Kumaha mun sasih payun HBH deui? he he. baktos, syam ridwan *kang dik nuhunnya tos dijajapkeun kakirpay kitu deui kanggo kang Suryadi van telkom, hatur nuhun kang Sur tos ngiring ngagorolong kalandeuhkeun. . ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

