pedo pisan ieu carita ti Kang Syam, leres kang, Kumaha pami urang HBH deui sasih payun,
On Oct 30, 2007 11:18 AM, syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > > Enyaan ! Daek beunghar, daek arateul sakusnet! Karek kamari pisan ka kirpay > teh. Basa HBH tea. Apal ari lebah pengkolanana mah, da sok noong tina kaca > lamun keur anyeucleu dina jok beus atawa elp. Mun ti arah cileunyi mah > ngenca. Jalanna rada nanjak. Mokaha mun dijugjug bari jeung ngadaplak > leumpang mah, bisa kesangan sabujur bujur, komo leumpangna bari ngiringkeun > nini-nini mah. Iraha nepina,meureun ripuh we nu aya da kudu di tungtun > sagala,kacipta dua tilu tanjakan deui pilampaheun, sinini menta diakod. > Untung kadinya teh teu ngadaplak komo bari jeung ngiringkeun nini-nini mah. > > Lebah pengkolan unwin kareret aya salambar kertas nempel, ditulisan HBH > Kusnet minangka pituduh. Kahaatan panyicia bisi aya pamilon nu nyasar. > Umbul-umbul mah teu kaciri da meureun can nepi kadinya waragadna. Neangan > seponsor ge meureun moal ieuh direret pikeun ngawaragadanana. Teu cara aya > acara mengbal atawa konser musik teu sirikna paboro boro nyieun sepanduk > atawa umbul umbul milu ngareuah reuah. Lah apan acara kasundaan mah sok > dianggap teu komersil. Bit ketah! Keun da kusnet mah masih keneh dianggap > barang goib, najan teu rajeg ku umbul umbul tapi heabna nepi kasakuliah > dunya malahan parat kaalam pangimpian sagala. > > Harita jalan ka kirpay ngadadak lidig ku urang kusnet,ngan henteu ari > nepikeun ka macet mah. Kawantu geus kuat adat daratangna sok narungtutan. Nu > datang ngaligincing aya, nu sabondoroyotan ge aya. Tujuana kabeh sarua, > hayang pajonghok jeung papada baraya kusnet. Jeun teuing kabogoh ngungudag > ge, jeun teuing dibaeudan ku dunungan ge, nu penting bisa ka kirpay. Titik. > Kitu tah nu kakobet na hate nu daratang. > > Jauh teu burung cunduk anggang teu burung datang, ahirna nepi kanu dituju. > Hiliwirna angin gunung mapag kanu anyar datang disusul ku gelenyuna panampi > tamu kawas nu surti ngabageakeun kanu lawas henteu patepung. Sataun juntrung > teu lesot tirasa kasono,ngaburayot lir bulan alaeun, kiwari geus teu kuat > nahan deui, nerejel, nya ahirna ngagubrag diwewengkon kiara payung pisan. > Gup gap patarema dampal, keur mah geus ipis tilebaran mula, atuh dampal > leungeun teh beuki ngempring we kawas kicimpring. > > Hawar-hawar indra bekti jeung indi barend-na kusnet mimiti ngemsi. Geus teu > bireuk deui taya lian kang ikmal featuring nita upi, pertanda hajat gede > kusnet moal lila deui nek digorolongkeun. Nu hadir mareneko sila tur aremok > cabok. Rengse biantara ti panyicia jeung pupuhu kusnet, acara diteruskeun ka > pidangan wayang catur. Jentrengna kacapi matak sing seredet kana hate, > sumarambah kana bayah parat nepi ka cungcurungan. Rengse pidangan wayang > catur, disambung ku pidangan kasenian tarawangsa. Deui-deui daek arateul > sakusnet, enyaan karek harita nyaksian kasenian tarawangsa teh. Nelek-nelek > tina ruruba anu disayagikeun, sok ras inget ka jaman baheula, lamun > pisapoeun aki nek panen. Digoah sok aya nu kitu, aya tumpeng geulis, aya > bakakak hayam, aya dewegan meunang mares, aya tumpukan boeh, aya parukuyan > ngelun. Katingalina klenik pisan. Sing katapyak ngarigel bari nyolendangkeun > salendang warna warni. Kuring ge kabagean kasoderan, bari samemehna > omat-omatan kanu gigireun mun kuring kasurupan, endog jeung bakakak kudu > siap dialungkeun. Leuheung endog jeung bakakak mah geus nyampak, coba mun > kasurupan menta pizza hut, meureun kudu ngagidig heula ka Jatos. Untung teu > kajadian da kaburu eureun, katambah tatabeuhanana kitu kitu wae, euweuh > blaktukan. Sugan tea mah wirahmana bisa direka kawas orgen tunggal, boro > kuring wawanian mundut lagu "kabogoh jauh" > > Rengse tarawangsa midang, diteruskeun ka jaipongan. Tah mun ieu mah enyaan > ayaan "blaktukan" murak awug ge meuni asa ni'mat pisan da sajeroning > ngahuapkeun awug teh panon mah teu ngiceup ngiceup manco kanu ngibing. > Rindatna,imutna asa tamplok pisan ka kuring. Padahal mung ukur rarasaan, da > batur ge sarua ngarasakeun nu sarupa kawas kuring. > > Abongkena geus kuat adat, datang nungtutan balikna oge nungtutan. Enya da > tadina mah moal pipilueun minggat, nek ka riau 11 heula sakeudeung. Poho > can murak obat. Bit ketah. Ngan kacandet kuhujan, nya ngaringkuk we > dikost-an barudax, teu ka kirpay deui. Neda tawakup. Hatur nuhun ka panyicia > anu tos tisuksuk tidungdung nyukseskeun ieu acara pon kitu deui kasepuhan > kusnet sareng kanu sanesna. Iraha HBH deui? Da ngantosan lebaran mah lami > teuing. Kumaha mun sasih payun HBH deui? he he. > > baktos, > syam ridwan > *kang dik nuhunnya tos dijajapkeun kakirpay kitu deui kanggo kang Suryadi > van telkom, hatur nuhun kang Sur tos ngiring ngagorolong kalandeuhkeun. > > > -- Nggak Hapal Jalan Pulang ada yang mau nunjukkin? http://www.roisz.wordpress.com

