Enyaan ! Daek beunghar, daek arateul sakusnet! Karek kamari pisan ka kirpay 
teh. Basa HBH tea. Apal ari lebah pengkolanana mah, da sok noong tina kaca 
lamun keur anyeucleu dina jok beus atawa elp. Mun ti arah cileunyi mah ngenca. 
Jalanna rada nanjak. Mokaha mun dijugjug bari jeung ngadaplak leumpang mah, 
bisa kesangan sabujur bujur, komo leumpangna bari ngiringkeun nini-nini mah. 
Iraha nepina,meureun ripuh we nu aya da kudu di tungtun sagala,kacipta dua tilu 
tanjakan deui pilampaheun, sinini menta diakod. Untung kadinya teh teu 
ngadaplak komo bari jeung ngiringkeun nini-nini mah. 

Lebah pengkolan unwin kareret  aya salambar kertas nempel, ditulisan HBH Kusnet 
minangka pituduh. Kahaatan panyicia bisi aya pamilon nu nyasar. Umbul-umbul mah 
teu kaciri da meureun can nepi kadinya waragadna. Neangan seponsor ge meureun 
moal ieuh direret pikeun ngawaragadanana. Teu cara aya acara mengbal atawa 
konser musik teu sirikna paboro boro nyieun sepanduk atawa umbul umbul milu 
ngareuah reuah. Lah apan acara kasundaan mah sok dianggap teu komersil. Bit 
ketah! Keun da kusnet mah masih keneh dianggap barang goib, najan teu rajeg ku 
umbul umbul tapi heabna nepi kasakuliah dunya malahan parat kaalam pangimpian 
sagala.

Harita jalan ka kirpay ngadadak lidig ku urang kusnet,ngan henteu ari nepikeun 
ka macet mah. Kawantu geus kuat adat daratangna sok narungtutan. Nu datang 
ngaligincing aya, nu sabondoroyotan ge aya. Tujuana kabeh sarua, hayang 
pajonghok jeung papada baraya kusnet. Jeun teuing kabogoh ngungudag ge, jeun 
teuing dibaeudan ku dunungan ge, nu penting bisa ka kirpay. Titik. Kitu tah nu 
kakobet na hate nu daratang.

Jauh teu burung cunduk anggang teu burung datang, ahirna nepi kanu dituju. 
Hiliwirna angin gunung mapag kanu anyar datang disusul ku gelenyuna panampi 
tamu kawas nu surti ngabageakeun kanu lawas henteu patepung. Sataun juntrung 
teu lesot tirasa kasono,ngaburayot lir bulan alaeun, kiwari geus teu kuat nahan 
deui, nerejel, nya ahirna ngagubrag diwewengkon kiara payung pisan. Gup gap 
patarema dampal, keur mah geus ipis tilebaran mula, atuh dampal leungeun teh 
beuki ngempring we kawas kicimpring.

Hawar-hawar indra bekti jeung indi barend-na kusnet mimiti ngemsi. Geus teu 
bireuk deui taya lian kang ikmal featuring nita upi, pertanda hajat gede kusnet 
moal lila deui nek digorolongkeun. Nu hadir  mareneko sila tur aremok cabok. 
Rengse biantara ti panyicia jeung pupuhu kusnet, acara diteruskeun ka pidangan 
wayang catur. Jentrengna kacapi matak sing seredet kana hate, sumarambah kana 
bayah parat nepi ka cungcurungan.  Rengse pidangan wayang catur, disambung ku 
pidangan kasenian tarawangsa. Deui-deui daek arateul sakusnet, enyaan karek 
harita nyaksian kasenian tarawangsa teh. Nelek-nelek tina ruruba anu 
disayagikeun, sok ras inget ka jaman baheula, lamun pisapoeun aki nek panen. 
Digoah sok aya nu kitu, aya tumpeng geulis, aya bakakak hayam, aya dewegan 
meunang mares, aya tumpukan boeh, aya parukuyan ngelun. Katingalina klenik 
pisan. Sing katapyak ngarigel bari nyolendangkeun salendang warna warni. Kuring 
ge kabagean kasoderan, bari samemehna omat-omatan kanu gigireun mun kuring 
kasurupan, endog jeung bakakak kudu siap dialungkeun. Leuheung endog jeung 
bakakak mah geus nyampak, coba mun kasurupan menta pizza hut, meureun kudu 
ngagidig heula ka Jatos. Untung teu kajadian da kaburu eureun, katambah 
tatabeuhanana kitu kitu wae, euweuh blaktukan. Sugan tea mah wirahmana bisa 
direka kawas orgen tunggal, boro kuring wawanian mundut lagu "kabogoh jauh"  

Rengse tarawangsa midang, diteruskeun ka jaipongan. Tah mun ieu mah enyaan 
ayaan "blaktukan" murak awug ge meuni asa ni'mat pisan da sajeroning 
ngahuapkeun awug teh panon mah teu ngiceup ngiceup manco kanu ngibing. 
Rindatna,imutna asa tamplok pisan ka kuring. Padahal mung ukur rarasaan, da 
batur ge sarua ngarasakeun nu sarupa kawas kuring.

Abongkena geus kuat adat, datang nungtutan balikna oge nungtutan. Enya da 
tadina mah moal pipilueun  minggat, nek ka riau 11 heula sakeudeung. Poho can 
murak obat. Bit ketah. Ngan kacandet kuhujan, nya ngaringkuk we dikost-an 
barudax, teu ka kirpay deui. Neda tawakup. Hatur nuhun ka panyicia anu tos 
tisuksuk tidungdung nyukseskeun ieu acara pon kitu deui kasepuhan kusnet sareng 
kanu sanesna. Iraha HBH deui?  Da ngantosan lebaran mah lami teuing. Kumaha mun 
sasih payun HBH deui? he he.

baktos,
syam ridwan
*kang dik nuhunnya tos dijajapkeun kakirpay kitu deui kanggo kang Suryadi van 
telkom, hatur  nuhun kang Sur tos ngiring ngagorolong kalandeuhkeun.


Kirim email ke