Satadina mah kuring teu pati mirosea kana kasenian Sunda buhun, da irama musikna monoton alias heunteu dinamis. Tapi ku seringna ngiluan acara seminar jeung diskusi perkara kasenian jeung budaya Sunda, saeutik-saeutik jadi bisa menikmati seni sunda buhun.
Jiga kamari waktu ngareungeukeun alat musik tarawangsa jeung rebab anu ngiringkeun tarian ti Rancakaong Sumedang. Kusabab kuring samemehna geus ningali upacara ngalaksa dina video dokumenter kang Ray Bachtiar, anu diputer dina acara diskusi Simpay FIB UI, jadi heunteu aneh, sabab, nya rombongan kasenian pimpinan Pa Sukarma ieu anu didokumenterkeun ku Kang Raya Bachtiar. Tapi ari ningali bungkeuleukanana sacara live(langsung) karasana beda pisan. Gerakan tarian teh katingali pisan aya pakaitna jeung wirahma sora tarawangsa. Lamun sora tarawangsa laun, tarian oge laun, beuki tarik tarawangsa, gerakan tari oge beuki motah. Sok sanajan tarianana jiga nu leuleuy, tapi kaciri aya eusian. Ceuk kang Tirta mah, sora tarawangsa eta anu matak ngundang mahkluk goib nyusup ka para penari. Kang Oman anu diuk gigireun kuring nambahan, lamun tarian dipintonkeun ti peuting, para panarina sok nepi ka trans (karasukan). Terus kuring ngareret ka jin pasantren keresek alias kang Deny Suwarja, aya nu ngiluan tari di beh juru,pokna teh. Jigana para panari teh surti, maranehanana nawarkeun salendang, ngajak nari bareng ka para panongton. Puguh wae atuh, tawaran heunteu diengkekeun, para makhluk goib ti dunya maya, ngiluan ngengklak nari, jeung makhluk goib beneran. Sore, kuring, kang Tirta jeung kang Akos pamitan rek mulang ka Jakarta. Kang Deny ngomong ka Kang Tirta, aya makhluk goib, ngilu dina mobil kang Akos. Di jalan kang Tirta ngarasa teu genah hate sabab mobil ditangkodan makhluk goib. Ka Tirta gancang nelpon kang Deny, bisi kumaonam di jalan. Ceuk kang Deni teh, heunteu nanaon da bageur, cenah. Jadol!!! jigana anu disangka makhluk goib dina mobil kang Akos teh kuring, sabab tadi kuring ngiluan nari. Baktos, Mrachmat uidipura __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

