Tadina mah dianggap heureuy tapi mobil nyuruntul jeung salah jalan deuih, terus
asa pararoek padahal rada jauh ka magrib. Atuh teras we kang Akos gegeremetan
make elmu galuh, hasilna win-win solution meunang milu nya asup kana pusaka
kang Rachmat. Sigana moal lami seueur selebritis nu ngudag Kang Rachmat geura.
JP
Dena <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
,hahahah... halah haing heni heunah heuri hakakak....!
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Satadina mah kuring teu pati mirosea kana kasenian
> Sunda buhun, da irama musikna monoton alias heunteu
> dinamis. Tapi ku seringna ngiluan acara seminar jeung
> diskusi perkara kasenian jeung budaya Sunda,
> saeutik-saeutik jadi bisa "menikmati" seni sunda
> buhun.
>
> Jiga kamari waktu ngareungeukeun alat musik tarawangsa
> jeung rebab anu ngiringkeun tarian ti Rancakaong
> Sumedang. Kusabab kuring samemehna geus ningali
> upacara ngalaksa dina video dokumenter kang Ray
> Bachtiar, anu diputer dina acara diskusi Simpay FIB
> UI, jadi heunteu aneh, sabab, nya rombongan kasenian
> pimpinan Pa Sukarma ieu anu didokumenterkeun ku Kang
> Raya Bachtiar. Tapi ari ningali "bungkeuleukanana"
> sacara "live"(langsung) karasana beda pisan. Gerakan
> tarian teh katingali pisan aya pakaitna jeung wirahma
> sora tarawangsa. Lamun sora tarawangsa laun, tarian
> oge laun, beuki tarik tarawangsa, gerakan tari oge
> beuki motah. Sok sanajan tarianana jiga nu leuleuy,
> tapi kaciri aya "eusian". Ceuk kang Tirta mah, sora
> tarawangsa eta anu matak ngundang mahkluk goib nyusup
> ka para penari. Kang Oman anu diuk gigireun kuring
> nambahan, lamun tarian dipintonkeun ti peuting, para
> panarina sok nepi ka trans (karasukan). Terus kuring
> ngareret ka "jin pasantren keresek" alias kang Deny
> Suwarja, "aya nu ngiluan tari di beh juru,"pokna teh.
>
> Jigana para panari teh surti, maranehanana nawarkeun
> salendang, ngajak nari
bareng
,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,
Makarya Mawa Raharja
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com