Assalamu'alaikum Wr. Wb. Mairan postingan Kang Rachmat Rawyani, anu basa HBH di Kiara Payung seueur pisan nimu pangalaman aheng, sakantenan sim abdi hoyong "curhat" ngeunaan HBH kamari.
Sateuacana sim abdi nuhunkeun dihapunten, bilih ieu pedaran ngeunaan HBH matak teu raos kana manah, Ieu mah sanes laporan ... sanes... Mung ieu mah sakadar bahan evaluasi we keur ka payun-na. Mudah-mudahan sing jadi bahan emutan-eun urang sarerea. Sakali deui, ceuk paribasa-na "sanes Mapatahan Ngapung ka Papatong komo deui Mapatahan Nodong ka Garong.." saukur medar gerentes hate, meh teu karaos eungap teuing meungkeut dina harigu. Baraya, Aya sababaraha hal anu numutkeun sim abdi abdi jadi perhatosan. Diantawisna nyaeta : *Peserta* Mun dibanding-banding, HBH di Cimalati taun 2004, HBH di Cipanas taun 2005, HBH di Cibatu-Garut taun 2006, HBH taun ieu di Kiara Payung, Pamilon nu hadir kalah beuki ngorotan. Dietang-etang teh teu aya 50 urang-urang acan, sakitu ge nu hadir teh eta deui eta deui (EDED). Anggota Kusnet nu enggal mah mung sababaraha urang, tiasa diitung ku ramo. Nu ngareuah-reuah justru seuseu-eurna mah ti grup Kasenian nu diulem, Tarawangsa sareng grup Longser. Anggota kusnet teh kiwari langkung ti 2500-an, namung teu dugi ka 10%-na anu katarik hoyong ngaluuhan ieu acara. Kunaon nya ? Naha ngan resep mimilisan wungkul ? Teu salse ? Sibuk ? Waktuna teu cocog ? atawa memang nganggepna ieu acara teh teu penting ? Enya sih, jigana mah seueur nu nganggep acara HBH teh teu penting- penting teuing. Malah mah (jigana) nganggep HBH teh miceunan waragad, waktu sareng tanaga wungkul. Anu tebih tea di luar nagri, anu damel tea, atanapi nu nuju teu damang tea mah, manawi tiasa dimaklum. Anu salian ti eta ? Jakarta - jatinangor mung 2.5 jam kana beus.. Ti Garut caket ... Ti Tasik caket ... Ti cirebon caket ... Ti Bekasi, ti Depok, ti Bogor oge caket... komo ti Bandung mah.. Pangulem panata calagra di milis oge karaos ditanggapi ku hare-hare. Padahal sakitu dipiharepna ku panitia teh, meh tiasa utang itung ituh-inihna. Apanan bewara mah tiap waktu, salian ti eta dijapri-an oge. Dijaprian teh bisi tara lungak longok kana milis. Diulem ku japrian teh sami we sareng ngahormatan anu anu diulemna. Aya sababaraha urang anu ngarespon mah, teras daftar, sakalian ngiring nyumbang. Aya deui malah mah anu sasadu, yen moal tiasa ngaluuhan. Tapi seuseu-eurna mah mah caricing wae. Nu tos konfirmasi bade sumping ge, seueur nu teu jol. Jadi naon nu disebut katalian ku "Getih Goib Sunda" teh ngan karandapan ku sababaraha urang wungkul. Sesana mah teuing kamana, teuing kumaha... * Patempatan * Patempatan keur acara HBH oge jigana sakapeung (boa) mawa pangaruh "hoream" pikeun datang. Jauh tea, teu asik tea, hese angkutan jeung sajabana. Tempat nu hade, fasilitasna sagala aya, gampang dijugjug, jeung deukeut kaditu kadieu sabenerna mah bisa dipilih sakarep. Anu kapasitasna keur rebuan jelma ge aya. Tapi sagala ge apanan kudu diperhitungkeun anggaran waragadna. Aya teu artosna ? kersa teu teu nyarumbang ? Aya nu kersa, aya nu henteu.. "Naha bet kudu mayar ?", pokna teh.. *Format Acara* Format acara oge kedahna (jigana) mah diusahakeun ngariung, meh aya interaksi ti pamilon HBH, boh nu sepuh boh nu anom, urang warung boh urang lembur, nu geulis boh nu kasep. nu acan wanoh, boh nu heubeul. Tong nepi ka nimbulkeun lolongkrang ngagarunduk diditu didieu, marisah-misah anu tungtungna tujuan utama HBH nyaeta Silaturahmi teh jadi kaweur. Nu sarepuh ngobrolna teh jeung nu sepuh deui. Nu ngarora ngumpulna jeung nu ngora deui. Nu cicing, ngumpulna jeung nu caricing deui, tungtungna mah pacicing-cicing. Acara-na nah tetep dina papagon serius tapi santai. Susunan acara diusahakeun teu monoton teuing, tiap acara kudu aya daya tarikna anu tiasa meungkeut sadaya pamilon meh betah lalajo acara demi acara. Tong nepi ka pamilon HBH teh ngolembar. Nu tunduh, dug sare, gogoleran, gegelehean. Nu sosonoan, marojok. Nu hareudang, ludak lidek kaditu kadieu. Nu carangkeul, silih pencetan. heu heu .. *Pintonan/Hiburan* Salami ieu, pintonan hiburan teh ngulem ka grup Kasenian. Boh kocapi suling, Jaipongan, Nari, sareng sajabana ti eta, salian ti grup Kasenian anu tokohna dileler pangajen. Jaba ari nanggap mah apanan kudu mayar. Grup Kasenian anu diulem teh biasana ti kampus-kampus anu masih keneh keur diajar. najan tos pangalaman pentas diditu-didieu ge, atuh mun tiasa mah nyumbang-nyumbang atuh ka Kusnet, sakalian itung-itung promosi. Engke mah kitu nya ! Cik atuh, da urang Kusnet ge seueur nu tiasa kana seni-seni bae mah. Pira nabeuh kocapi, hahaleuangan atawa ngibing mah. Sakali-kali urang ngalalajoanan diri urang nyalira. Kersa teu ? Tong seuri ... *Sumber Dana* Salian ti Donatur tetap Uwa Apih Siddik, basa riungan di Teh Imas tea nyaeta bade rereongan. harita hampir sadaya nu hadir sanggem nyumbang Rp. 100.000/urang nu bade ngaluuhan HBH. Salian ti eta, nyobian abdi gaduh gagasan ngajaprian anggota Kusnet anu heubeul, disuhunkeun rido galihna kanggo nyumbang keur waragad HBH. Ti anu ngarebu anggota Kusnet aya 100 urang we nu kersa nyumbang 100 rebu/saurang, tos kaetang pi 10-jutaeun. Saha-saha wae anu parantos komitmen bade nyumbang, disanggakeun ka bendahara kanggo nagihan. Alhamdulillah, nu harita komitmen teh nyaanan nyumbang. Tapi aya oge (seueur malah mah) nu dijapri ku abdi teu aya waleran pisan. Tah baraya... Nepi kadieu, naon atuh anu tiasa dipulungan tina HBH taun ieu ? Naon atuh Panggero Goib ti Kiara Payung ? duka teu apal.. Eniwei.. Abdi, ngahaturkeun mangjuta-juta nuhun ka : -Apih Siddik sakulawargi anu parantos ngawaragadan sareng ngarojong acara HBH; -Kang Dede Mariana & Teh Ika anu parantos nyayogikeun patempatan kalayan haratis; -Rengrengan Panitia anu parantos hut het ti awal dugi ka rengse-na; -Para sesepuh Kusnet atu parantos ngarojong nyumangetan; -Para Tamu & Uleman; -Anggota Kusnet anu parantos ngersakeun hadir; -Anggota Kusnet anu ngintun imel, nelpon oge nu ngintun SMS merhatoskeun kagiatan HBH; -Oge ka sadaya-na anu teu tiasa disebutkeun hiji-hiji.. cape atuda ngetikna.. -dul- tukangteuing enbe : Laporan lengkep-na mah manawi ke didugikeun ku Pupuhu Panitia. --- In [email protected], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cik saha anu tiasa "ngalungkeun" hasil gempungan HBH > sacara konsepsual ka babakan KUSnet. > Kuring ngarasa, asa aya panggero goib ti Kirpay, anu > netelakeun, yen aya "obrolan" diantara para wadya > KUSnet anu mondok di Kirpay. > Asana mah, perkara HBH nu bade dongkap, atanapi > perkara garapan naon anu bade dipilampah sabada HBH di > Kirpay. > > Mangga diantos ah, naha bade didugikeun ku Apih Sidik, > Kang Tito, Kang Ndoell atanapi Kang Kumincir. > > > baktos, > > mrachmat uidipura > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com >

