From: Andrew Weintraub <[EMAIL PROTECTED] edu>
Date: October 10, 2007 2:42:56 PM EDT
To: Harris Iskandar [EMAIL PROTECTED] findonesia. org
Subject: Beasiswa kanggo Studi Etnomusikologi Sunda di Pittsburgh, Amerika

Kahatur para seniman sareng budayawan anu ku simkuring dipihormat,
Sinarengan ieu serat, simkuring seja ngumumkeun kasempeten diajar
Etnomusikologi di Universitas Pittsburgh Amerika. Dupi nu dimaksad
etnomusikologi teh dina enas-enasna mah ngulik hubungan ti antawis
seni musik/karawitan sareng masalah budaya. Upamina bae, hubungan
wayang golek sareng politik atanapi gamelan sareng modernisasi.

Upami aya mahasiswa-mahasiswi jurusan karawitan Sunda nu bade ngiring
program S2 atawa S3 mangga ngalamar saenggalna. Lamaran kedah
dikintunkeun ka alamat di handap sateuacan kaping 5 Januari.

Aya deuih beasiswa kanggo nu palay diajar gamelan atanapi musik
sanesna. Di Universitas Pittsburgh aya gamelan salendro/pelog;
gamelan degung; kacapi-suling/ tembang sunda; sareng angklung.
Unggal taun sok ngagelarkeun konser kliningan, ibing, wayang, sste.
Upamina bae, taun payun bade aya pagelaran tembang Sunda sareng Ibu
Euis Komariah.

Upami aya patarosan mangga ngintun serat ka abdi nganggo alamat ieu:
[EMAIL PROTECTED] edu.

Informasi ngeunaan program M.A. dan Ph.D. aya dina website di handap:
http://www.music. pitt.edu/ graduate/ admissions. html

Informasi ngeunaan Department of Music: http://www.music. pitt.edu/


Salam baktos,

Andrew Weintraub
Associate Professor of Music
Author, "Power Plays: Wayang Golek Puppet Theater of West Java"
http://www.ohioswal low.com/book/ Power+Plays


Kirim email ke