Punten, sanes mapagahan ngojay ka meri, komo deui
mapagahan tembang ka neng Krisdayanti. Mung sakadar
babagi kanyaho.

Perkawis beasiswa pikeun tolab di nagri deungeun dina
salah sahiji widang elmu, saleresna mah, eta teh salah
sahiji "tanggung jawab sosial" hiji paguron luhur,
supados diajenan sabage salah sahiji paguron bertaraf
inernasional. sajabi ti beasiswa, biasana hiji paguron
luhur sok ngondang oge staf pengajar ti luar pikeun
ngayakeun panalungtikan atanapi sabage pangajar tamu.
Ngondang tamu staf pengajar ieu, dibeayaan ku paguron
anu ngundangna. widang-widang naon wae anu dipasihan
beasiswa gumantung kana kalengkepan (dosen,
matakuliah, alat-alat praktikum) anu aya di paguron
eta. Tujuanana teu aya sanes, pikeung nambihan
ambawahan pangaweruh, oge ngajalin silaturahmi.

Paguron luhur di Indonesia oge saleresna mah gaduh
kawajiban "tanggung jawab sosial", ngondang
mahasiswa/dosen tolab/ngajar/nalungtik di paguron
luhur di Indonesia. Margi salah sahiji tolok ukur
supados diajenan jadi paguron kelas dunia teh, nyaeta
sabaraha urang mahasiswa  asing anu tolab di paguron
eta. Tah, biasana mah, tolok ukur ieu tiasa janten
hiji "penilaian" kanggo lembaga asing pikeun masihan
bantuan dana hibah.

Di Depdiknas, seueur bantuan dana hibah pikeun
ngabeayaan program kagiatan di paguron luhur. Biasana
hibah ieu teh, mangrupa pimjaman lunak ti lembaga
asing. Dana hibah eta teh diantawisna pikeun
ngabeayaan   para dosen anu tolab program S2 atanapi
program S3 di Indonesia. Salah sahijina anu kenging
beasiswa eta teh nyaeta Mang Jamal, kuncen milis urang
sunda, anu tolab S3 widang senirupa di ITB. Widang
naon wae anu kenging beasiswa? Siga kamari anu
didongengkeun mang Jamal waktos HBH di Kirpay,
beasiswa dipasihkeun pikeun anu tolab dina widang anu
teu acan seueur digarap, unik, tapi mangpaatna ageung
pikeun balarea. 


baktos,

mrachmatrawyani

--- widzar_alghifary <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> From: Andrew Weintraub <[EMAIL PROTECTED] edu>
> Date: October 10, 2007 2:42:56 PM EDT
> To: Harris Iskandar [EMAIL PROTECTED] findonesia.
> org
> Subject: Beasiswa kanggo Studi Etnomusikologi Sunda
> di Pittsburgh, Amerika
> 
> Kahatur para seniman sareng budayawan anu ku
> simkuring dipihormat,
> Sinarengan ieu serat, simkuring seja ngumumkeun
> kasempeten diajar
> Etnomusikologi di Universitas Pittsburgh Amerika.
> Dupi nu dimaksad
> etnomusikologi teh dina enas-enasna mah ngulik
> hubungan ti antawis
> seni musik/karawitan sareng masalah budaya. Upamina
> bae, hubungan
> wayang golek sareng politik atanapi gamelan sareng
> modernisasi.
> 
> Upami aya mahasiswa-mahasiswi jurusan karawitan
> Sunda nu bade ngiring
> program S2 atawa S3 mangga ngalamar saenggalna.
> Lamaran kedah
> dikintunkeun ka alamat di handap sateuacan kaping 5
> Januari.
> 
> Aya deuih beasiswa kanggo nu palay diajar gamelan
> atanapi musik
> sanesna. Di Universitas Pittsburgh aya gamelan
> salendro/pelog;
> gamelan degung; kacapi-suling/ tembang sunda; sareng
> angklung.
> Unggal taun sok ngagelarkeun konser kliningan,
> ibing, wayang, sste.
> Upamina bae, taun payun bade aya pagelaran tembang
> Sunda sareng Ibu
> Euis Komariah.
> 
> Upami aya patarosan mangga ngintun serat ka abdi
> nganggo alamat ieu:
> [EMAIL PROTECTED] edu.
> 
> Informasi ngeunaan program M.A. dan Ph.D. aya dina
> website di handap:
> http://www.music. pitt.edu/ graduate/ admissions.
> html
> 
> Informasi ngeunaan Department of Music:
> http://www.music. pitt.edu/
> 
> 
> Salam baktos,
> 
> Andrew Weintraub
> Associate Professor of Music
> Author, "Power Plays: Wayang Golek Puppet Theater of
> West Java"
> http://www.ohioswal low.com/book/ Power+Plays
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke