Habat yeuh beasiswana, sok urang KUSNET kudu aya anu ngalamar atuh...
haha

baktos
tantan


On 11/5/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Punten, sanes mapagahan ngojay ka meri, komo deui
> mapagahan tembang ka neng Krisdayanti. Mung sakadar
> babagi kanyaho.
>
> Perkawis beasiswa pikeun tolab di nagri deungeun dina
> salah sahiji widang elmu, saleresna mah, eta teh salah
> sahiji "tanggung jawab sosial" hiji paguron luhur,
> supados diajenan sabage salah sahiji paguron bertaraf
> inernasional. sajabi ti beasiswa, biasana hiji paguron
> luhur sok ngondang oge staf pengajar ti luar pikeun
> ngayakeun panalungtikan atanapi sabage pangajar tamu.
> Ngondang tamu staf pengajar ieu, dibeayaan ku paguron
> anu ngundangna. widang-widang naon wae anu dipasihan
> beasiswa gumantung kana kalengkepan (dosen,
> matakuliah, alat-alat praktikum) anu aya di paguron
> eta. Tujuanana teu aya sanes, pikeung nambihan
> ambawahan pangaweruh, oge ngajalin silaturahmi.
>
> Paguron luhur di Indonesia oge saleresna mah gaduh
> kawajiban "tanggung jawab sosial", ngondang
> mahasiswa/dosen tolab/ngajar/nalungtik di paguron
> luhur di Indonesia. Margi salah sahiji tolok ukur
> supados diajenan jadi paguron kelas dunia teh, nyaeta
> sabaraha urang mahasiswa asing anu tolab di paguron
> eta. Tah, biasana mah, tolok ukur ieu tiasa janten
> hiji "penilaian" kanggo lembaga asing pikeun masihan
> bantuan dana hibah.
>
> Di Depdiknas, seueur bantuan dana hibah pikeun
> ngabeayaan program kagiatan di paguron luhur. Biasana
> hibah ieu teh, mangrupa pimjaman lunak ti lembaga
> asing. Dana hibah eta teh diantawisna pikeun
> ngabeayaan para dosen anu tolab program S2 atanapi
> program S3 di Indonesia. Salah sahijina anu kenging
> beasiswa eta teh nyaeta Mang Jamal, kuncen milis urang
> sunda, anu tolab S3 widang senirupa di ITB. Widang
> naon wae anu kenging beasiswa? Siga kamari anu
> didongengkeun mang Jamal waktos HBH di Kirpay,
> beasiswa dipasihkeun pikeun anu tolab dina widang anu
> teu acan seueur digarap, unik, tapi mangpaatna ageung
> pikeun balarea.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> --- widzar_alghifary <[EMAIL PROTECTED]<widzar_alghifary%40yahoo.co.uk>
> >
>
> wrote:
>
> > From: Andrew Weintraub <[EMAIL PROTECTED] edu>
> > Date: October 10, 2007 2:42:56 PM EDT
> > To: Harris Iskandar [EMAIL PROTECTED] findonesia.
> > org
> > Subject: Beasiswa kanggo Studi Etnomusikologi Sunda
> > di Pittsburgh, Amerika
> >
> > Kahatur para seniman sareng budayawan anu ku
> > simkuring dipihormat,
> > Sinarengan ieu serat, simkuring seja ngumumkeun
> > kasempeten diajar
> > Etnomusikologi di Universitas Pittsburgh Amerika.
> > Dupi nu dimaksad
> > etnomusikologi teh dina enas-enasna mah ngulik
> > hubungan ti antawis
> > seni musik/karawitan sareng masalah budaya. Upamina
> > bae, hubungan
> > wayang golek sareng politik atanapi gamelan sareng
> > modernisasi.
> >
> > Upami aya mahasiswa-mahasiswi jurusan karawitan
> > Sunda nu bade ngiring
> > program S2 atawa S3 mangga ngalamar saenggalna.
> > Lamaran kedah
> > dikintunkeun ka alamat di handap sateuacan kaping 5
> > Januari.
> >
> > Aya deuih beasiswa kanggo nu palay diajar gamelan
> > atanapi musik
> > sanesna. Di Universitas Pittsburgh aya gamelan
> > salendro/pelog;
> > gamelan degung; kacapi-suling/ tembang sunda; sareng
> > angklung.
> > Unggal taun sok ngagelarkeun konser kliningan,
> > ibing, wayang, sste.
> > Upamina bae, taun payun bade aya pagelaran tembang
> > Sunda sareng Ibu
> > Euis Komariah.
> >
> > Upami aya patarosan mangga ngintun serat ka abdi
> > nganggo alamat ieu:
> > [EMAIL PROTECTED] edu.
> >
> > Informasi ngeunaan program M.A. dan Ph.D. aya dina
> > website di handap:
> > http://www.music. pitt.edu/ graduate/ admissions.
> > html
> >
> > Informasi ngeunaan Department of Music:
> > http://www.music. pitt.edu/
> >
> >
> > Salam baktos,
> >
> > Andrew Weintraub
> > Associate Professor of Music
> > Author, "Power Plays: Wayang Golek Puppet Theater of
> > West Java"
> > http://www.ohioswal low.com/book/ Power+Plays
> >
> >
> >
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke