Wilujeng enjing baraya....
Hapunten sateuacanna kangge baraya sadaya, kumargi sim kuring lami pisan tara 
nyimpang ka babakan teh, wilujeng patepang deui sareng pun emme kangge anu 
parantos tepang sareng kenal, oge ngenalkeun kanggo baraya anu teu acan terang.
ngiring maeran ah sakedik kana masalah tutug oncom mah (asa janten lapar yeuh)
Kang Dudi, upami hoyong raos mah oncom, bawang beureum, bawang bodas, bawang 
daun sareng cikurna dibeuleum sanes digoreng supados seungit tutug oncomna 
khas. Kenging meuleum nembe direndos dugi ka lembut bumbu-bumbu, iwal ti oncom, 
eta mah kumaha selera,.
mangga ah wiljeng titutug... eh nutug oncom komo tuangna di saung sisi sawah 
...raos geura.

baktos,
'me
jantenkabitakututugoncom

  ----- Original Message ----- 
  From: dudi herlianto 
  To: Kusnet 
  Sent: Tuesday, November 06, 2007 10:16 AM
  Subject: [Urang Sunda] Cileduk deui


  bieu dina trans tv, aya resep tutuk oncom
  mangga nyanggakeun:

  1. oncom goreng
  2. bawang goreng, bawang bodas, cikur (rendos)
  3. sangu ngebul

  tinggal campurkeun sakabeh bahan. jadi tutuk oncom

  eleh hese geuning euy nyieun tutug oncom teh geuning haha ;(

  -- 
  ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
  :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
  datiparang.blog.com . deha.wordpress.com 

   

Kirim email ke