Dilembur kuring mah, asa kurang kajojo ku sangu "tutuk" oncom teh, tapi rendey teh sangu reumbeuy kacang jeung sangu ketan dikacangan. Geus ilahar mun usum kacang....enya kacang bareum tea, sagala kadaharan sok make sakadang kacang beureum. Barina oge teu kudu make matemateke tingkat luhur atawa "justifikasi" kamana karep, geus puguh teu laku dijual jadi nu tangtu jeung kanyataan mah, indung urangna we rancage. Geura urang tataan nu masih nyangkaruk dina pangradinan teh: 1. Angeun (sayur ind.) kacang 2. Ulen kacang (Ketan dikacangan) 3. Dodol kacang 4. Tumis kacang 5. Papais kacang 7. Leupeut kacang 6. Jeung rea-rea deui...nu ngarana cenah leuwih modern! Kacang beureum diala/dipanen osok jeung tangkalna alias dirabut. Terus dilaanan/dipiceunan daunna (mun ayaan keneh). Akarna gomplok kawas buuk (serabut...ind) digibrigeun meh taneuhna murag. Sababaraha puluh tangkal ditalian palebah puhuna dijieun saeundan, dua eundan dingaranan sageugeus, persis saperti mun panen pare gede baheula. Mun mawana ditanggung akar-akarna disambungkeun terus dipuntir ameh pageuh, ngadu buuk weh sugan mah! Pokona usum kacang....dilembur teh kabeh kadaharan "berbasis kacang" atawa "kacang oriented". Pan kabayang tah "perang anginna!" Salian ti era di urang loba anggapan mun loba ngadahar kacang osok boson, tinggali we tina babasan sapertos jurus "bekok anteur" jeung bekok colok"...sigana ku sabab babari ngolahna jeung teu weleh ngajodo jeung nu lian... heu meureun hahaha. Tapi dibahasa malayu mah aya babasan "kacangan"....nu hartina condong goreng! *sangu reumbeuy : sangu biasa tina beas naon bae dibere kacang beureum *sangu ketan dikacangan: sangu ketan dibere kacang, leuwih babari ditimbel, mun sanguna ditutu dilembutkeun disebut ulen kacang. Mun tina sampeu disebut ulen sampeu. *angeun kacang, biasana kacangna anyar diala, mun dijieun tina kacang garing sok dilandi ceos kacang. siporenges bit ketang.........ieu mah nu ilahar dilembur kuring we! dudi herlianto [EMAIL PROTECTED] wilujeng téh émmé. nuhun kana resép tutugna. puguh kuring téh keur resep tutug. sanggeus basa kamari bada lebaran teu aya tukang sangu nu dagang. kabeneran nyandak beuleum opak situraja (kadé nu ieu mah lain opag haha) jeung kiripik cau nangka. nya ampir samingguan dahar énjing, siang, sonten téh ngahénggoy tutug opak jeung tutug kiripik cau. diréncangan ku kéré daging embé (ku eb henteu ku em). ntasna dibanjur angeun bayem hérang meunang meutik ti buruan ;)
nu kapikiran duh saaya-aya gé teu burung ... warek heuheu d __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

