wilujeng téh émmé. nuhun kana resép tutugna. puguh kuring téh keur resep tutug. sanggeus basa kamari bada lebaran teu aya tukang sangu nu dagang. kabeneran nyandak beuleum opak situraja (kadé nu ieu mah lain opag haha) jeung kiripik cau nangka. nya ampir samingguan dahar énjing, siang, sonten téh ngahénggoy tutug opak jeung tutug kiripik cau. diréncangan ku kéré daging embé (ku eb henteu ku em). ntasna dibanjur angeun bayem hérang meunang meutik ti buruan ;)
nu kapikiran duh saaya-aya gé teu burung ... warek heuheu d On Nov 6, 2007 10:42 AM, Nila Erma Agustini <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wilujeng enjing baraya.... > Hapunten sateuacanna kangge baraya sadaya, kumargi sim kuring lami pisan > tara nyimpang ka babakan teh, wilujeng patepang deui sareng pun emme kangge > anu parantos tepang sareng kenal, oge ngenalkeun kanggo baraya anu teu acan > terang. > ngiring maeran ah sakedik kana masalah tutug oncom mah (asa janten lapar > yeuh) > Kang Dudi, upami hoyong raos mah oncom, bawang beureum, bawang bodas, > bawang daun sareng cikurna dibeuleum sanes digoreng supados seungit tutug > oncomna khas. Kenging meuleum nembe direndos dugi ka lembut bumbu-bumbu, > iwal ti oncom, eta mah kumaha selera,. > mangga ah wiljeng titutug... eh nutug oncom komo tuangna di saung sisi > sawah ...raos geura. > > baktos, > 'me > jantenkabitakututugoncom > > > - > > -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

