ari telekung teh iket sanes ...? mun iket sae mana jeung nu uwa pamere kuncen Tarawangsa tea heheheheeheh
----- Original Message ----- From: :: boedax angon :: To: [EMAIL PROTECTED] ; [email protected] ; [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, November 07, 2007 9:30 AM Subject: [Urang Sunda] Numpak Bus Karunia Bakti *********************** Your mail has been scanned by Telkom Anti Virus System ***********-*********** Yayan Mulyana [EMAIL PROTECTED] http://yayanm.wordpress.com Numpak Bus Karunia Bakti Jam 5-an rada leuwih saeutik mobil téh geus torojol datang ka ciawi, aya meureun nu numpakan na téh 5 urang mawa angkutan ti Terminal Rambutan. Teu antaparah urang dua'an langsung naek ka eta mobil, kusabab rada lowong nya bisa rada geunah neang tempat diukna. Uing mah neangan tempat diuk nu rada tukang, sabab ngeunah pisan suku teh bisa dilempengkeun, beda pisan mun diukna di tengah-tengah mah sok komo mun bus na téh repet pisan tempat diukna, tapi d nu apal ku uing mah naek mobil ieu mah atawa Doa Ibu téh tempat diukna rada geunah. Sanggeus diuk ditukang teh uing diukna nu dekeut ka jandela, sabab kusabab lowong jeung rada lila keneh uing muka jandelana laju weh nyeungeut roko heula sabab rada tiis ning, jeung hawa tiis subuh-subuh téh méni nyeuleuceup pisan. Teu lila sanggeus lima welas menitan si busa téh maju sabab tempat ngetem na geus kudu diganti ku mobil nu séjénna nu jalur na sarua ka arah tasik. Mobil laju maju roko sabatng téh geus beak. Uing mah laju weh nyarande bari meureumkeun panon da masih rada tunduh. Barang hudang téh si kondektur noel kudu nawur ongkosna, lumayan sih teu mahal teung nang kurang ti tilu puluh rebu nepi ka cileunyi teh. Sabari nawur téh sabari culak-cileuk ka luar, naha geus nepi ka Cisarua. Barang ngareret teh euleuh itu ning Taman Safari tea. Laju weh Ki Dudi ngobrol jeung kondektur "ari mobil ieu angkat ti terminal teh jam baraha kang ?", si kondekturna ngawaler "ti jam satengah lima'an sabab ieu mobil teh nu kalima, nu mimitina mah jam hijian jadi ieu mobil nu kalima !", "eleuh ceuk kuring ngagerentes dinu hate...". Teu lila mobil teh geus nepi ka Cianjur didinya rada ngetem lila, nya geus mimiti loba tukabng dagang samodel leupeut atawa buras, moci (sanes mojang cianjur), tukang jeruk tukang rokok. Ari uing mah mimiti ngaluarkeun telekung has Kampung Budaya Sindang Barang nang pamere Pupuhuna nyaeta Kang Maki. &nb sp; Si kondektur rada ngareret ka kuring, bari ngomong "wah masih keneh aya nya nu sok make telekung nu kieu teh !", "wah loba keneh kang !" ceuk kuring rada gaya heheheh. Teu rada lila si bus maju deui sabari luak lieuk ka luar ningalian kayaan Cianjur waktu isuk, jigana keur eta masih keneh jam tujuh isukan. Katingali pisan di luar masih aya keneh nu keur ajojing tea, jeung barudak sakola keur nanggoan angkot komo deui pagawe mah katingali aya nu keur nyarap bubur. Geu teu rada lila geus arek ka tol padalarang baru luak lieu téh wah geus kaasup wewengkon nu loba kapur yeuh. Jeung deuidi hiji tempat tapi ngaranna uing poho deui ceuk cenah mah di tempat ieu ilahar pisan mun macet téh, sok komo loba pisan angkot jiga di bogor wae. Aya deui nu nyeuleutuk cenah ke bakal aya wayang golek ti Giri Harja Tilu nyaeta Asep Sunandar Sunarya tea, ceuk tukang moci teh. Teu lila n u ngamen ngalagu has parahyangan nu judulna "Kabogoh Jauh", jadi inguet basa ka Panaruban tea. Laju weh rada ngetem deui di jalan nu deuk ka tol Cileunyi na didinya rada lila sabab geus ilahar pisan loba nu numpakna nu deuk ka Jatinagorkeun sok komo barudak nu sarakola samodel di Unpad, Ikopin, IPDN, UNWIM. Cag Ach 3 November 2007, Kostan Dudi ------------------------------------------------------------------------------ For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month.

