sumuhun wa apal istilah telekung teh di Kang Anis basa cacahan di
Sindang Barang. Mun perkawis iket atanapi telekung teh, nu sae nu mana
nya ? hehe

Ari iket atawa telekung teh teu aya nu awon da sadayana oge sae, nang
tiap2 telekung teh gaduh filosofina.

Salah sawiosna iket Sindang Barang nu motifna kawas kembang jeung
hideung bereum, paralun bisi leupat, telekung ti sindang barang teh nu
warna hideung bodas nandakeun baheula mah banderana Karajaan Pajajaran
teh hideung bodas, mun kungsi iluan acara Festival Seren Taun di
Sindang Barang seuer umbul-umbul nu warnana hideung bodas tah eta
simbol pajajaran.

Aya deui telekung nu kuring boga ge ti Kasepuhan Banten Kidul, nu mana
corak na coklat jeung ceuk cenah mah didinya aya filosina oge nu mana
didinya nandakeun tilu sapamulu dua sakarupa hiji eta keneh nu mana di
halimn salak teh aya kasepuhan nu kalebetna Pancer Mandiri, Pancar
Pangawinan jeung Sasaka Domas.

Tah ayeuna mun telekung ti Rancakalong rada teu unina kumaha
filosofina sok ach urang pedarkeun masalah ikeut ieu 

Hatur Hanun
Cag Ach
--- In [email protected], "Tito Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ari telekung teh iket sanes ...?
> mun iket sae mana jeung nu uwa pamere kuncen Tarawangsa tea heheheheeheh
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: :: boedax angon :: 
>   To: [EMAIL PROTECTED] ; [email protected] ;
[EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] ;
[EMAIL PROTECTED] ; [EMAIL PROTECTED] 
>   Sent: Wednesday, November 07, 2007 9:30 AM
>   Subject: [Urang Sunda] Numpak Bus Karunia Bakti
> 
> 
>         ***********************
>         Your mail has been scanned by 
>         Telkom Anti Virus System
>         ***********-***********
> 
>        
> 
>   Yayan Mulyana
>   [EMAIL PROTECTED]
>   http://yayanm.wordpress.com
> 
>   Numpak Bus Karunia Bakti
> 
>               Jam 5-an rada leuwih saeutik mobil téh geus torojol
datang ka ciawi, aya meureun nu numpakan na téh 5 urang mawa angkutan
ti Terminal Rambutan. Teu antaparah urang dua'an langsung naek ka eta
mobil, kusabab rada lowong nya bisa rada geunah neang tempat diukna. 
> 
>               Uing mah neangan tempat diuk nu rada tukang, sabab
ngeunah pisan suku teh bisa dilempengkeun, beda pisan mun diukna di
tengah-tengah mah sok komo mun bus na téh repet pisan tempat diukna,
tapi d nu apal ku uing mah naek mobil ieu mah atawa Doa Ibu téh tempat
diukna rada geunah.
> 
>               Sanggeus diuk ditukang teh uing diukna nu dekeut ka
jandela, sabab kusabab lowong jeung rada lila keneh uing muka
jandelana laju weh nyeungeut roko heula sabab rada tiis ning, jeung
hawa tiis subuh-subuh téh méni nyeuleuceup pisan.
> 
>               Teu lila sanggeus lima welas menitan si busa téh maju
sabab tempat ngetem na geus kudu diganti ku mobil nu séjénna nu jalur
na sarua ka arah tasik. Mobil laju maju roko sabatng téh geus beak.
Uing mah laju weh nyarande bari meureumkeun panon da masih rada
tunduh. Barang hudang téh si kondektur noel kudu nawur ongkosna,
lumayan sih teu mahal teung nang kurang ti tilu puluh rebu nepi ka
cileunyi teh.
> 
>               Sabari nawur téh sabari culak-cileuk ka luar, naha
geus nepi ka Cisarua. Barang ngareret teh euleuh itu ning Taman Safari
tea. Laju weh Ki Dudi ngobrol jeung kondektur "ari mobil ieu angkat ti
terminal teh jam baraha kang ?", si kondekturna ngawaler "ti jam
satengah lima'an sabab ieu mobil teh nu kalima, nu mimitina mah jam
hijian jadi ieu mobil nu kalima !", "eleuh ceuk kuring ngagerentes
dinu hate...".
> 
>               Teu lila mobil teh geus nepi ka Cianjur didinya rada
ngetem lila, nya geus mimiti loba tukabng dagang samodel leupeut atawa
buras, moci (sanes mojang cianjur), tukang jeruk tukang rokok. Ari
uing mah mimiti ngaluarkeun telekung has Kampung Budaya Sindang Barang
nang pamere Pupuhuna nyaeta Kang Maki.
> 
>        &nb sp;      Si kondektur rada ngareret ka kuring, bari
ngomong "wah masih keneh aya nya nu sok make telekung nu kieu teh !",
"wah loba keneh kang !" ceuk kuring rada gaya heheheh. Teu rada lila
si bus maju deui sabari luak lieuk ka luar ningalian kayaan Cianjur
waktu isuk, jigana keur eta masih keneh jam tujuh isukan. Katingali
pisan di luar masih aya keneh nu keur ajojing tea, jeung barudak
sakola keur nanggoan angkot komo deui pagawe mah katingali aya nu keur
nyarap bubur.
> 
>               Geu teu rada lila geus arek ka tol padalarang baru
luak lieu téh wah geus kaasup wewengkon nu loba kapur yeuh. Jeung
deuidi hiji tempat tapi ngaranna uing poho deui ceuk cenah mah di
tempat ieu ilahar pisan mun macet téh, sok komo loba pisan angkot jiga
di bogor wae. Aya deui nu nyeuleutuk cenah ke bakal aya wayang golek
ti Giri Harja Tilu nyaeta Asep Sunandar Sunarya tea, ceuk tukang moci teh.
> 
>               Teu lila n u ngamen ngalagu has parahyangan nu judulna
"Kabogoh Jauh", jadi inguet basa ka Panaruban tea. Laju weh rada
ngetem deui di jalan nu deuk ka tol Cileunyi na didinya rada lila
sabab geus ilahar pisan loba nu numpakna nu deuk ka Jatinagorkeun sok
komo barudak nu sarakola samodel di Unpad, Ikopin, IPDN, UNWIM.
> 
>   Cag Ach
>   3 November 2007, Kostan Dudi
> 
> 
>
------------------------------------------------------------------------------
>   For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good
this month.
>


Kirim email ke