diantos, kang Eddy....

Eddy Nugraha wrote:

>
>
> HAKANEUN jeung KUBURAN KAMI (2)
>
> II
>
> Eh euy….kajadian nu paeh dikubur teh sarua pisan jeung nu kaalaman 
> sapopoe ku urang…dina waktu dahar euy…..walah…naha?
>
> Enya…pan nu dididahar teh sarupaning nu paeh….boh 
> sasatoan…boh…tutuwuhan….tuluy disimpen/dikubur dina beuteung…tuluy 
> tidinya teh bijil tanaga…bijil usik malik….lain eta teh lir… tukhrijul 
> hayya minal mayyit wa tukhrijul mayyit minnal hayyi.
>
> Pek we euy pikiran…lamun nu paeh nu asup kana beuteung teu bener…sok 
> jadi teu ngeunah di kubur (beteung) na…nu bener mah sok jadi ngeunah. 
> Pan urang bisa mikir bisa ngagedean teh gumantung kana kadaharan/gizi 
> nu asup kana beuteung. Lain gizi/kadaharan teh asalna tinu paraeh nu 
> dipendem dina beuteung? Eta kabeh jadi alam barjakh/kubur urang 
> ayeuna. Bisa mikir bisa nenjo bisa ngadenge bisa usik malik..eta kabeh 
> sasat ibadahna nu paraeh dina beuteung urang euy…
>
> Pek we uey pikiran…lain sakabeh nu paeh nu asup kana beuteung teh 
> engkena supaya madep (nurut) kana qiblatna ---nu nyatana dina awak mah 
> pan hate urang…tina hate bijil sir tuluy bijil nafsu tuluy biji akal 
> pamilih….pan kongas qalbu mu’minin baitullah…..
>
> …kusabab kitu hasil tina pependeman nu paeh dina kubur beuteung teh 
> nya urang jadi usik malik migawe amal…lamun alus (gizi/amal 
> karaktristik nu kadahar…nya urang jadi bisa mikir hade dina 
> ngabedakeun nu goreng jeung alus…tah tidinya…bijil tangkal 
> hartina…tangtungan …bisa jadi tangtungan urang teh (asta) pagawean teh 
> jadi bijil kamboja…caringin …atawa…dedemit mungkul…
>
> Teu kudu hese-hese….
>
> Tina hasil nu paeh dikubur beuteung jelema teh pan (lamun alus gizina 
> terus bisa dididik jadi jatnika) kaciri aya nu jadi pangjarahan….pada 
> ngedeugdeug ku kulawrgana sabab butuheun….malah tangtungan teh aya nu 
> nepikeun ka jadi panyaluuhan sakabeh pada hayang deuheus 
> (jarah)…..tapi loba oge jelema nu embung deukeut….jalmana dijarauhan 
> da pada ijid pada sieun ngadekeutanana.
>
> Matak ge dina agama mah nepikeun ka rek dahar aya shalatna 
> (do’ana)….hakaneun nu asup ka kubur urang ulah sambewara…teu bisa 
> kabeh…pantangana diantarana getih.. babi.. dipeuncitna kudu make 
> bismillah….(hartina nu haram, nu kafir nu musrik teu make asma Allah 
> mah ulah).
>
> Matak ge euy kudu daek nganteurkeun nu maot ka kubur tah engke 
> reungeukeun aya nu talkin….tah eta teh tong jauh-jauh mikir nu maot…. 
> nu kudu diingetkeun mah tumpah darah sorangan…
>
> III
>
> Tina guaran diluhur…muga-muga nu maca bisa nyangkem ayana hubungan 
> makrokosmos jeung mikrokosmos…(nu engke bisa kabuktikeun lain sukur 
> analogi asal daek ngulikna) jeung nu utamana yen atikan agama lain 
> ngan saukur keur engke…lain ngan saukur narohkeun kayakinan nu nganut 
> supaya percaya ka euceuk ka pijagaaeun, tapi bisa…disaliksik…dina 
> awakna supaya jadi ageman nu haqul yaqin… da enya.
>
> Tina do’a do’a arek dahar (paling henteu aya tilu hadis) …kajadian 
> dikubur tangtung..nepikeun ka engke kiamatna jagat saghir…mere tuduh 
> ngeunaan ulikan dasar/poko dina ulikan sunda ngeunaan tileum…ngeunaan 
> sampurna sampurna ning beak…innalillahi wa innailaihi rajiun nu lain 
> saukur engke mungkul…..
>
> Wah siah….bener ieu teh…kumaha carana ???
>
> Insya allah urang suaykeun saeutik lalangsena di bagian satuluyna 
> ngeunaan elmu kasundaan (nu sarua jeung dina Islam) dina kuburan 
> tangtung…. jeung cara-cara nyampurnakeunana…nu masih keneh tetep aya 
> hubungana/bisa dirunut sacara empiris tina HAKANEUN nu diKUBUR ku 
> urang sorangan dina beuteung sabab metodologina oge empiris pakeun nu 
> daek jadi partisipan observer mah.
>
> (bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)
>
> baktosna
> Eddy Nugraha
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com <http://mail.yahoo.com>
>
>  

Kirim email ke