Ieu nu pantes mah

*1. Tilu sapamulu, dua sakarupa, hiji eta keneh (Ki Santa, Milis Urang
Sunda) *

hartosna teh panginten : kajeun teuing rupana loba, rek tilu rek dua
enas-enasna mah hiji, eta-eta keneh
Pamulu = Rupa

Panginten kitu oge.

Baktos,

On Nov 7, 2007 11:41 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>
> Baraya,
> Judulna rada lieur nya. keun wae, kieu dongengna teh.
>
> Katarik ku serelek Ki Santa ka Kang Tito dina jejer per-iket-an. Dina
> serelekna Ki Santa aya kalimah jiga kieu "tilu sapamulu dua sakarupa
> hiji eta keneh". Ceuk toongan ieu kalimah teh lain kalimah samanea.
> Hehehe. Boa-boa dua, tilu manra. Jiga-jiga babasan buhun karuhun.
> Panasaran kuring ngotektak neangan artikel nu medar eta babasan.
> Lakadalah, ari gorehel teh geuning matak helok. Ieu babasan teh
> geuning loba variasina. Geura tengetan cutatan di handap ieu:
>
> 1. Tilu sapamulu, dua sakarupa, hiji eta keneh (Ki Santa, Milis Urang
Sunda)
> 2. Tilu sapamulu, dua salaksa, nu hiji eta-eta keneh (Oman, Milis Ki
Sunda)
> 3. Tilu sapamilu, dua sakarupa, nu hiji eta keneh (Handiman, PR Online)
> 4. Tilu sapamula, dua sakarupa, hiji eta-eta keneh (Yakob Sumardjo, PR
> Online)
> 5. Tilu sapamilu, dua sakarupa, hiji eta keneh (Kusnaka Adimihardja,
> Geocities)
>
> Cing sugan aya baraya nu tiasa medar. Mangga nyanggakeun. Nu mana nya
> nu leuwih pantes.
>
> Salam,
> mh
> 

Kirim email ke