Aeh, hiji deui tinggaleun... Anu ieu mah ti Damar: Banten Heritage alias anu Ngaguar Sajatina Banten (diteplak ti http://damar.bantenheritage.org/index.php?option=com_content&task=view&id=23&Itemid=27 )
SEREN TAUN <http://damar.bantenheritage.org/index2.php?option=com_content&do_pdf=1&id=23> <http://damar.bantenheritage.org/index2.php?option=com_content&task=view&id=23&pop=1&page=0&Itemid=27> <http://damar.bantenheritage.org/index2.php?option=com_content&task=emailform&id=23&itemid=27> Written by Rubby Ach. Baedhawy Saturday, 20 October 2007 *TITIPAN PRABU SILIWANGI* Teu bisa disamunikeun beungharna budaya jeung kabudayaan di Provinsi Banten, sanajan katutupan halimun kahalangan méga, ngampar ti tungtung kulon, ngétan, ngulor nepi ka kidul. Désa Cisungsang, salah sahiji kakayaan budaya di Provinsi Banten nu mangrupa lembur singkur mandala singkah, nu nyuhun adat karuhun, mulasara budaya Sunda.Ayana di Kecamatan Cibeber Kabupatén Lebak, Provinsi Banten beh kidul. Mun ti puseur dayeuh Provinsi Banten di Kabupatén Sérang, teu kurang genep jam buat mobil atawa motor, kira-kira 210 kilometer. Ngaliwatan Pandéglang ngaprak Saketi nembus Malingping, nganjor ka Bayah di belah wétan, paamprok jeung nagri emas Cikotok. Kurang leuwih 6.500 jiwa masarakat Desa Cisungsang nu hirup tur hurip tina pakaya alam nu pabalatak di wewengkon nu legana 28 hektar ieu. Hirup sauyunan dina hiji iketan pageuh jeung keukeuh, ngagungkeun simbol hirup "*t**ilu sapamilu, dua sakarupa, nu hiji éta kénéh".*"Ieu lain ngan ukur kekecapan, tapi ogé cecekelan urang dieu, Kaolotan Cisungsang nu dipingpin ku Abah Usép," ceuk Apih Adéng, panasehat masarakat Kasepuhan Cisungsang.Aturan hirup nu ditémbrakeun dina kekecapan di luhur, nyaéta prinsip masarakat Kasatuan Adat Banten Kidul, Kasepuhan (kaolotan) Cisungsang, dina ngahijikeun peran agama, tradisi, jeung pamaréntah dina kahirupan sapopoé."Satiuluanana kudu ngahiji, paéntél-éntél leungeun, babarengan hirup sauyunan. Ulah siling salahkeun, komo kudu pegat duduluran mah, pamali. Sareng deui urang kudu satuhu ka buhun, satia ka agama, sataat ka pamaréntah" témbal Apih Adeng.Leuwih jero Apih Adéng ngajéntrékeun, aturan hirup nu tadi lain ngan saukur keur urang Cisungsang wungkul tapi ogé dipaké ku kasepuhan Banten Kidul séjéna nu nyebar di unggal wewengkon, di antarana Kaolotan Cicarucub, Kaolotan Citorek di Kabupaten Lebak, ogé Kaolotan Cipta Gelar jeung Sirna Resmi di Kabupaten Sukabumi, Jawa Barat. Salian ti éta, aya Kaolotan Bayah nu teu ngabogaan masarakat adat, ngan ukur jadi cukang nu numbukeun antara kaolotan Banten Kidul jeung pamaréntah. Komo, ceuk Apih Adéng, mun bisa mah ieu aturan diparaké ku lembur séjén. "Insya Allah, lamun urang nyepeng kana aturan éta, adat ulah digareuwah, agama kudu dicepeng pageuh, nagara géh puguh kudu didukung tur diaping, moal aya mamala ka masarakat," ceuk Apih Adéng. *Sérén Taun*Salian ti aturan adat, urang Cisungsang géh boga hiji simbol séjén anu ngaraketkeun patali hirup jeung alam dunya, nyaéta leuit nu ngajéjér teu jauh ti lembur gedé. Leuit nu dibangun jiga imah kayu, mangrupa ciciri masyarakat Kaolotan Cisungsang anu hirup tina tatanén. Baheula na mah, masarakat nu cicing di mumuncangan Gunung Halimun ieu, mun pepelakan tara maké pupuk organik jiga kuari, panén na géh kudu sataun sakali. Ngan tisaprak osok diayakeun pakumpulan jeung pamaréntah nu mawa program pertanian modéren, urang Cisungsang naraman ngajajal jeung maké pupuk organik nepi ka kuari, melak paréna géh dua kali dina sataun. "Lembur jeung sagala adat istiadat di ieu lembur, titipan ti karuhun ti éyang Prabu Siliwangi," ceeuk Abah Usép, Kaolotan Cisungsang.Saréngsé panén, tradisi masarakat Kaolotan Cisungsang ngayakeun acara sembah ka Gusti Nu Mahasuci, nu geus méré berekah hasil panén nu mucekil, nu katelah sérén taun. Dina acara sérén taun géh, masarakat kaolotan Cinsungsang sakaligus ngévaluasi jeung ngarencanakeun naraman tetanén kahareupna. Séjén ti acara ritual, acara sérén taun diayakeun tujuh poé tujuh peuting ieu direuah-reuah ku acara lian nu maksudna ngahibur masarakat Cisungsang. Peuting kahiji, biasana diayakeun maca pantun nu ngariwayatkeun kahirupan masrakat adat Cisungsang. Acara pamuka lawang ieu kaasup naraman bubuka tina sakabéh rangkéan kagiatan sérén taun anu dibacakeun ku kasepuhan Cisungsang anu eusina riwayat kahirupan masyarakat adat Cisungsang.Réngsé maca pantun, kakarak diayakeun acara ngarérémokeun nu hartina raraméan téa. Hiji kagiatan mangrupa raraméan sakabéh rangkéan acara adat sérén taun anu eusina magelarkeun kasenenian tradisional jeung modern, saperti jaipongan, wayang golek, kacapi suling, kiliningan, pencak silat, debus, aya ogé dangdutan, jeung sajabana. Acara raraméan jiga di luhur mah sabenerna ngan ukur ngreuah-reuah wungkul, ngahibur masarakat. "Biasana loba nu daratang ngahaja ti mamana, hayang milu hiburan nepi ka ngarébu. Kukutina loba padagang nu milu bungah, dagangan jadi payu," ceuk salah saurang padagang nu ngahaja nganjor ti lembur séjén. Ari eusi jeung puncak acarana mah, nyaéta naraman ku ritual melak paré di buruan imah Abah Suep, Olot Cisungsang nu dituturkeun ku kagiatan nyebar binih, nyacar, ngaseuk, salamet ngaseuk, mitembeyan, dibuat, nyimpen paré dina lantayan, nyimpen paré dina leuit, bari di pairan ku sora rengkong jeung tatabeuhan dogdog lojor, ogé kurulung angklung buhun. Ti kajauhan kadéngé *kawih kawistri *anu dibacakeun jeung wawacan, nu maksudna ngiringkeun asupna sakabéh paré meuang panén ka jero leuit. Réngsé sakabéh acara, ditungtungan ngayakeun salametan atawa tahlilan dina poé katujuh, "Ieu mah urang muja kanu Kawasa, ngaturkeun sukur ka Gusti Allah nu tos masihan rezeki tur kasejahteraaan lahir sinareng batin, hususna hasil bumi," ceuk Apih Adéng.*** On 11/7/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sigana mah kudu ngajujut ka puhuna heula, naon harti masing2 kandunganana, > nu pokona nyaeta kecap sapamulu (katut 'varian'na) & sakarupa . -- sikandar kumincir.blogspot.com