Mana Kang Jaka  (tingkir) yeuh!
Dilembur kang Jaka (ebeng/Sobar) nyaeta di
Cideres,Kadipaten Majalengka, aya komunitas urang
Sunda anu tos lami ngagem agama karesten.
Atuh di kota Majalengka, aya sakola khusus Zending,
anu nampi para siswana ti sakuliah Indonesia.
Duka tah sakola eta, tos sabaraha urang Sunda anu
ngagem agama karesten. (Sakola ieu asana teh sami
sareng sakola anu aya di Cikembar Sukabumi).
Sok sanaos di Majalengka (daerah Maja)oge aya
pasantren Asromo anu terkenal sa Indonesia, tokohna
nyaeta Kiai Abdul Halim, teu matak jadi pacengkadan,
ku ayana sakola zending ieu.
ASana teh di wewengkon Cianjur (daerah Cipanas) aya
komunitas karesten anu upami ngayakeun upacara agama,
ngangge kasenian Sunda. Kapungkur asana teh aya
surelekna (milis) di KUSnet. Cobi geura  tingali deui
arsip-arsipna.


baktoa,

mrachmatrawyani




      
____________________________________________________________________________________
Be a better sports nut!  Let your teams follow you 
with Yahoo Mobile. Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/sports;_ylt=At9_qDKvtAbMuh1G1SQtBI7ntAcJ

Kirim email ke