Barina oge...
ti awalna ge geus dibere nyaho, yen aturan di ieu milis teh
salah sapuluhna teu meunang ngagogoreng ageman. Boh nu batur
boh nu urang.

Heueuh ?


-dul-
kuncen





--- In [email protected], "Hasan Supriadi" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> HAHAHAHA...
> satujulah Kang Endud...
> kumaha tah kira2 reaksi urang sunda islam, mun urang sunda hindu 
atawa urang sunda nu ngagem agama sunda buhun ngomong kieu : "urang 
sunda asup islam ?! murtad jadi islam ?! beu !!! rek dikamanakeun 
beungeut kisunda ?! kumaha pertanggungjawaban-na ka luluhur urang 
sunda ?!"...
> 
> yeuh nya ceuk uing mah (si kuring urang islam - tingali we tina 
ngaran), kanyataanna urang sunda teu kabeh islam (bihari jeung 
kiwari)... 
> urang sunda teu langsung jadi islam (hindu heula sa acan islam)...
> luluhur urang kabeh (nu aya di ieu milist) baretona teu langsung 
jadi islam (sok susud terus ka luhur luluhur urang masing2)...
> rek nu islam, nu karesten, nu hindu, nu sunda buhun, nu budha 
kabeh ge nampa kayakinan eta teh ngadasarkeun "ceuk cenah" alias 
beja... beja nu bisa datangna tina hasil bacaan, tina omongan atawa 
tina penafsiran titinggal nu aya... nu terus ditimbang-timbang ku 
akal masing-masing...
> 
> euweuh urang islam nu langsung panggih jeung nabi Muhammad SAW, 
euweuh urang karesten nu langsung panggih jeung nabi Isa/Yesus, 
euweuh urang hindu nu langsung panggih jeung dewa...
> tah lantaran kabeh ge "ceuk cenah", jadi teu kudu hiji golongan 
ngarasa pangbenerna terus ngajejeleh golongan nu lain...
> 
> jadi nyikapan postingan hal2 anu jiga kieu, teu kudulah langsung 
nga-diskreditkeun atawa nga-gogoreng nu lain islam...
> keun we urusan eta mah urusan masing-masing...
> ayeuna mah sok we masing2 ngajalankeun kayakinan masing2, teu kudu 
ngomentaran nu lain...
> nu islam, ngajalankeun sare'at islam sing bener...
> nu karesten (sok ka portugis jeung walanda euy), ngajalankeun 
sare'at karesten nu bener...
> keun da dua2na ge dijamin ku nagara...
> 
> lamun kabeh nu ngagem agama2 di ieu nagara ngarasa pangbenerna, 
jeung boga kayakinan yen batur kudu sarua atawa ngilu kana 
kayakinana, dijamin ieu nagara bakal paburantak... bakal dor-dar teu 
anggeus2... tuh contona di ambon jeung di poso... rek sabaraha nyawa 
jelema nu kudu paeh, lamun sikep nu kieu nu terus dicecepeng...
> 
> 
> 
> ^_^
> urang sunda islam...
> (ngan sok era jeung heran, naha korupsi di nagara mayoritas islam 
ieu mahabu pisan...
> teu kira-kira, menterina agamana pisan asup bui lantaran korupsi)
> jadi ceuk uing mah daripada ngurus batur nu memang geus 
kanyataanna ti dituna teu sa-iman, mending urus dulur sa-iman nu aya 
supaya bener jeung teu ngerakeun... 
> 
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: dudi herlianto 
>   Subject: Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: SAmpurasuuun...
> 
> 
>   heuheu, lain naha nya. ari sunda = islam kitu? cek saha? samemeh 
islam nincak tatar ieu ge cenah urang sunda mah geus aya...
> 
>   punten ah
>   d
> 
> 
> 
>   On Nov 13, 2007 5:03 PM, rohmat s < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> 
>     urang sunda agamana kresten? murtad jadi kresten? beu 
ngerakeun pisan eta mah,rek dikamanakeun beungeut ki 
sunda..........ambuing-ambuing .....
> 
>     wassalam
> 
> 
>     asep smd
>   .
>


Kirim email ke