Baraya ieu aya "Catetan Sajarah" ngeunaan masyarakat sunda (jawa barat)
ngamimitian asup Islam

Agama Islam anu diturunkeun di Kota Mekkah nerekab ka mancanagara lir upama
cai anu terus ngocor teu aya kendatna, tempat anu sakumaha jauhna oge katepi
bae da sungapanana terus muka.
Dina abad ka 15 Agama Islam jol ka tatar sunda nu jadi gapurana nya eta kota
Cirebon anu mimiti ngadeg taun 1445 M* (*Drs. Atja. carita purwaka caruban
nagari, pada 50-53 seri Monografi No. 5 Ikatan karyawan Museum Jakarta
1972).
Syarif Hidayat ane engkena disebut Susunan Jati sumping ka Cirebon dina taun
1470, maksadna teu aya sanes iwal ti bade nyebarkeun Agama Islam di Jawa
Barat. Masyarakat Jawa Barat harita teh masih ngagem kapercayaan Hindu.
Pusat pamarentahan karajaan ayana di Dayeuh Kawali anu engkena dipindahkeun
ka Pakuan Pajajaran (di kota Bogor ayeuna).
Padamelan Susuhunan Jati aya hasilna, dina taun 1530 geus laloebet Islam
rahayat di daerah Kuningan, Rajagaluh, Majalengka, Talaga, Sumedang, Garut ,
Galuh.

Anu ngawitan lebet Islam ti lingkungan karaton Talaga nya eta Aria Wangsa
Goparana. Barang kauninga ku ramana nya eta Sunan Ciburang, sakalangkung
benduna nu jadi rama teh. Cacakan mun lain putra kakasih anu kacida
dipikameumeutna meureun harita oge ditelasan. Pangwujuk supaya tetep henteu
ngantunkeun agama Budha ku Wangsa Goparana henteu dutolih, da lebetna Islam
teh lain kabawa ku sakaba-kaba, tapi ku lantaran anjeuna boga kayakinan yen
Islan teh Agama anu sa leres-leresna.
Akhirna Wangsa Goparana ditundung ku ramana, teu meunang aya di wewengkon
Talaga. Disarengan ku pangiring pangiringna nu satia anjeunna ngalih ka
Sagalaherang.

Naha bet ka Sagalaherang ngalihna teh ?
Insya Allah engkin (engke) disambung deui

2007/11/13, Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>    HAHAHAHA...
> satujulah Kang Endud...
> kumaha tah kira2 reaksi urang sunda islam, mun urang sunda hindu atawa
> urang sunda nu ngagem agama sunda buhun ngomong kieu : *"urang sunda asup
> islam ?! murtad jadi islam ?! beu !!! rek dikamanakeun beungeut kisunda ?!
> kumaha pertanggungjawaban-na ka luluhur urang sunda ?!"*...
>
> yeuh nya ceuk uing mah (si kuring urang islam - tingali we tina ngaran),
> kanyataanna urang sunda teu kabeh islam (bihari jeung kiwari)...
> urang sunda teu langsung jadi islam (hindu heula sa acan islam)...
> luluhur urang kabeh (nu aya di ieu milist) baretona teu langsung jadi
> islam (sok susud terus ka luhur luluhur urang masing2)...
> rek nu islam, nu karesten, nu hindu, nu sunda buhun, nu budha kabeh ge
> nampa kayakinan eta teh ngadasarkeun "ceuk cenah" alias beja... beja nu bisa
> datangna tina hasil bacaan, tina omongan atawa tina penafsiran titinggal nu
> aya... nu terus ditimbang-timbang ku akal masing-masing...
>
> euweuh urang islam nu langsung panggih jeung nabi Muhammad SAW, euweuh
> urang karesten nu langsung panggih jeung nabi Isa/Yesus, euweuh urang hindu
> nu langsung panggih jeung dewa...
> tah lantaran kabeh ge "ceuk cenah", jadi teu kudu hiji golongan ngarasa
> pangbenerna terus ngajejeleh golongan nu lain...
>
> jadi nyikapan postingan hal2 anu jiga kieu, teu kudulah langsung
> nga-diskreditkeun atawa nga-gogoreng nu lain islam...
> keun we urusan eta mah urusan masing-masing...
> ayeuna mah sok we masing2 ngajalankeun kayakinan masing2, teu kudu
> ngomentaran nu lain...
> nu islam, ngajalankeun sare'at islam sing bener...
> nu karesten (sok ka portugis jeung walanda euy), ngajalankeun sare'at
> karesten nu bener...
> keun da dua2na ge dijamin ku nagara...
>
> lamun kabeh nu ngagem agama2 di ieu nagara ngarasa pangbenerna, jeung boga
> kayakinan yen batur kudu sarua atawa ngilu kana kayakinana, dijamin ieu
> nagara bakal paburantak... bakal dor-dar teu anggeus2... tuh contona di
> ambon jeung di poso... rek sabaraha nyawa jelema nu kudu paeh, lamun sikep
> nu kieu nu terus dicecepeng...
>
>
>
> ^_^
> urang sunda islam...
> (ngan sok era jeung heran, naha korupsi di nagara mayoritas islam ieu
> mahabu pisan...
> teu kira-kira, menterina agamana pisan asup bui lantaran korupsi)
> jadi ceuk uing mah daripada ngurus batur nu memang geus kanyataanna ti
> dituna teu sa-iman, mending urus dulur sa-iman nu aya supaya bener jeung teu
> ngerakeun...
>
>
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
> *Subject:* Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: SAmpurasuuun...
>
>
>
> heuheu, lain naha nya. ari sunda = islam kitu? cek saha? samemeh islam
> nincak tatar ieu ge cenah urang sunda mah geus aya...
>
> punten ah
> d
>
> On Nov 13, 2007 5:03 PM, rohmat s < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
> >
> > urang sunda agamana kresten? murtad jadi kresten? beu ngerakeun pisan
> > eta mah,rek dikamanakeun beungeut ki sunda..........ambuing-ambuing .....
> >
> > wassalam
> >
> >
> > asep smd
> >
>  .
>
> 
>

Kirim email ke