Neng Roro oge baraya sadaya,

Mangga ieu sapulukaneun katerangan kana naon anu ditaroskeun:

1. Sari Pohaci

Eta nami produk dagang kosmetika khas ti urang. Kapanggih jeung 
diusahakeun ku urang Ciamis, tina titinggal peperenian warisan 
budaya urang kapungkur.

Kosmetika "Sari Pohaci" (lulur/wedak) kaasup jugala di jamanna. Eta 
wae, numutkeun almarhum Pa Maskanan (ngantunkeun taun 1999), tilas 
flight engineer pesawat pribadi Presiden RI kahiji, BK tea, istrina 
BK oge, Ibu Fatmawati, ngalanggan atawa biasa nganggo wedak Sari 
Pohaci.

Patali sareng kalimah abdi ngarespon postingan kang Yaya, 
ngusahakeun inovasi-inovasi kang Yaya teh lir ibarat ngahudangkeun 
deui sumanget jeung ngudag prestasi industri sakumaha anu kahontal 
ku wedak Sari Pohaci. Malah kudu langkung onjoy. Manawi wae 
kaparengkeun.

2. Sun Rawayan Raksaning Gusti

Eta kalimah dina Sunda salah sahiji conto tina Suryasangkala. Dina 
budaya Sunda, aya cara ngebrehkeun titi mangsa anu khas: nyaeta ku 
kalimah anu ngandung dua harti atawa maksud. Maksud anu kahiji, 
angka anu nuduhkeun taun diadegkeunana atawa taun kajadianana hiji 
peristiwa.  Maksud kadua, falsafah hirup atawa ajen inajen atawa 
tujuan atawa doa anu pas keur jalmi atawa kajadian atawa lembaga anu 
boga/pakait jeung eta titimangsa. Ieu cara khas budaya urang teh aya 
dua rupa: 1) Candrasangkala, lamun dibaca ti katuhu ka kenca, 2) 
Suryasangkala, lamun dibaca ti kenca ka katuhu.

Maksudna leuwih jauh kieu: Eta kalimah pituduh titimangsa teh 
(Suryasangkala atawa Candrasangkala) diwangun ku opat kecap, luyu 
jeung 4 digit bilangan taun. Tiap kecap mibanda ajen angka tinangtu 
sakumaha kacatet dina kamus basa Basa Sunda Kuno/Kawi (salaku salah 
sahiji sumber basa Sunda). Tah runtuyan 4 angka eta lamun dibaca ti 
katuhu ka kenca jadi Candrasangkala, lamun sabalikna, ti kenca ka 
katuhu, jadi Surysangkala.

Conto: "Sukaning Indria Gapuraning Rahayu" (Suryasangkala Majalah 
Mangle), hartina dina angka: Sukaning = 1, Indria = 9, Gapuraning = 
6, Rahayu = 1, ieu jelas Suryasangkala, sabab piraku taun kalahiran 
Mangle 1691 mah (dibaca ti katuh ka kenca). Jadi, "Sukaning Indria 
Gapuraning Rahayu" teh sacara angka hartina taun kalahiran Mangle 
nyaeta 1961 (ka para wargi anu uninga, disuhunkeun koreksina bilih 
sim kuring lepat). 

Naon harti/maksud kadua tina runtuyan eta kalimah? Ieu mah sigana 
sae ditaroskeun ka kulawadet anu caket ka Mangle wae, ngan jelas 
pisan, maksud eta kalimah alus kacida. Anu karampa wae ku kuring 
danget ieu: Sukaning = kasukaan, karesep; Indria = hiji hal anu 
luhung; Gapuraning = jadi panto, pamuka, lawang; Rahayu = 
kasalametan, karahayuan. Jadi, maksudna nu kadua kl kieu: muga-muga 
kalahiran Mangle anu boga niat luhung teh jadi pamuka lawang pikeun 
karahayuan sakumna jelema/masyarakat (anu macana, khususna, kumna 
sadayana wae)

Sababaraha conto sejenna tina Suryasangkala/Candrasangkala:
1) tahun kalahiran koran "Kujang" : "Rekaning Daya Marganing 
Laksana". Harti kahiji: 1956 (Suryasangkala). Harti kadua, kl: Rupa-
rupa usaha teh jalan ngawujudna cita-cita.
2) taun runtagna Pajajaran: "Panca Pandawa Ngemban Bumi" 
(Candrasangkala). Harti kahiji: 1455 taun Caka = 1255 + 70 = 1525 M 
(punten koreksina pami sim kuring lepat). Harti kaduana? wah sim 
kuring teu acan paos tah :) Mugi ka payun kenging pedaranana.

Asana organisasi DAMAS oge ngagaduhan suryasangkala. Oge LISES. Mung 
abdi hilap deui.

Tah wangsul deui kana "Sun Rawayan Raksaning Gusti". Nalika sim 
kuring tataros ka Abah Surya, salah saurang anu ahli dina widang 
ieu, naroskeun naon Suryasangkala keur taun kalahiran sorangan, 
anjeunna maparin runtuyan eta kalimah. "Sun = 1, Rawayan = 9, 
Raksaning = 6, Gusti = 1. Jelas eta teh Suryasangkala da dina abad 
ka 7 M mah si kuring can lahir :). Harti anu kaduana mangrupakeun 
du'a atawa tugas hirup, nyaeta: Muga-muga diri aya dina jalan anu 
diraksa sawalasna ku Gisti anu Murbeng Alam.

3. Panutup

Tina obrolan sareng abah Surya ngeunaan jejer suryasangkala atawa 
candrasangkala, aya sababaraha hal anu tiasa janten garapan badag. 
Nyaeta:
1) Eta kecap anu mibanda ajen angka teh tacan jinek pisan. Maksudna, 
kalan-kalan hiji kecap dihartian ku leuwih ti dua angka. Upama kecap 
leungeun, bisa mibanda ajen 2 atawa 4, jst. Tah kukituna, aya 
kasempetan pikeun nyusun buku ngajinekkeun ajen anu pasti (anu ngan 
hiji pikeun satiap kecap) dumasar kasaluyuan. Ieu garapan badag.
2) Kumaha masarkeunana ieu kaunggulan budaya. Sabab, ieu runtuyan 
kalimah pikeun titimangsa teh bisa ngagambarkeun karakter lalampahan 
hirup, jadi khas pisan. Upamana wae, taun dijieunna hiji bumi atawa 
wangunan tiasa mere gambaran pikeun visi jeung misi dijienna eta 
wangunan.

Sugan pareng, ka hareup urang pedar deui eta jejer hanca di luhur.

baktos,
manAR







  









--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Pasti moal tebih ti temulawak ngiring reueus & bingah Kang Ya... :)
> Kang Oman, Sari Pohaci teh sanes etamah pupur/wedak tiis nu 
didamel tina beas?
> Sareng eta, hoyong terang naon hartosna Sun Rawayan Raksaning 
Gusti teh?
> 
> Haturnuhun pedaranana (eh, teu acan nya... heheh)
> ro2
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 11/14/07 10:04AM >>>
> 
> Ngiring bingah Kang Yaya. Aya anu haat bade medar rusiah 
kageulisan 
> Sari Pohaci bari rek diadumaniskeun jeung kagiatan ekonomi. Muga-
> muga wae kaparengkeun.
> 
> Lain eta anu di Yonsei teh iraha atuh bade ngadamel buku? :) Sanes 
> tos seueur bahanna mah? Panemuan anu tos dipatenkeun wae asana 
> langkung ti dua tiluna. Diantos Kang.
> 
> manAR
> Sun Rawayan Raksaning Gusti
> --- In [email protected], "yr32" <yr32@> wrote:
> >
> > Baraya....
> > 
> > Dyah Pitaloka Citraresmi, teuing ku geulis, mangsa harita 
> > mangrupakeun putri panggeulisna sa Nusantara, Hayam Wuruk 
> > kapengpeongan.
> > 
> > Dayang Sumbi, awet ngora, kulit teu kenyod balas ku umur (no 
> > wringkle) nepikeun ka anakna sorangan ngarasa kalinglap sugan 
teh 
> > enya parawan jekekan.
> > 
> > Geus kakoncara yen mojang priangan mah geulis, utamina alus 
> > pakulitannana.
> > 
> > KUMAHA TAH RUSIAHNA?
> > 
> > Bahan dasarna aya di suku Gunung Tampomas (Sumedang), 
ditalungtik 
> ku 
> > urang sunda pituin kalahiran Situraja (Sumedang) di Laboratoirum 
> > Biomaterials Research, Yonsei University, hasil panalungtikanana 
> > geus ditawar ku Pasific Amour (Tepyeongyang) hiji perusahaan 
> > kosmetic Korea nu panggedena nu make bentang iklan Lee Nayeong 
> jeung 
> > Jo Insung (Carita di Bali, Something happen in Bali).
> > 
> > Antosan engke dipedar dina acara Kasundaan di Unpad, duka iraha 
> tah 
> > ngantosan heula visa Indonesiana.....
> > 
> > Sonona,
> >
>


Kirim email ke