On 11/16/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  Conto: "Sukaning Indria Gapuraning Rahayu" (Suryasangkala Majalah
>  Mangle), hartina dina angka: Sukaning = 1, Indria = 9, Gapuraning =
>  6, Rahayu = 1, ieu jelas Suryasangkala, sabab piraku taun kalahiran
>  Mangle 1691 mah (dibaca ti katuh ka kenca). Jadi, "Sukaning Indria
>  Gapuraning Rahayu" teh sacara angka hartina taun kalahiran Mangle
>  nyaeta 1961 (ka para wargi anu uninga, disuhunkeun koreksina bilih
>  sim kuring lepat).
>
>  Naon harti/maksud kadua tina runtuyan eta kalimah? Ieu mah sigana
>  sae ditaroskeun ka kulawadet anu caket ka Mangle wae, ngan jelas
>  pisan, maksud eta kalimah alus kacida. Anu karampa wae ku kuring
>  danget ieu: Sukaning = kasukaan, karesep; Indria = hiji hal anu
>  luhung; Gapuraning = jadi panto, pamuka, lawang; Rahayu =
>  kasalametan, karahayuan. Jadi, maksudna nu kadua kl kieu: muga-muga
>  kalahiran Mangle anu boga niat luhung teh jadi pamuka lawang pikeun
>  karahayuan sakumna jelema/masyarakat (anu macana, khususna, kumna
>  sadayana wae)

upama teu salah, harti kalimah "sukaning indria gapuraning rahayu" teh
cenah mah kieu: resep maca teh lawangna kabagjaan. "indria" teh cenah
tina "pancadria", nya paranti maca tea, maca ku pancadria.

>  Tah wangsul deui kana "Sun Rawayan Raksaning Gusti". Nalika sim
>  kuring tataros ka Abah Surya, salah saurang anu ahli dina widang
>  ieu, naroskeun naon Suryasangkala keur taun kalahiran sorangan,
>  anjeunna maparin runtuyan eta kalimah. "Sun = 1, Rawayan = 9,
>  Raksaning = 6, Gusti = 1. Jelas eta teh Suryasangkala da dina abad
>  ka 7 M mah si kuring can lahir :). Harti anu kaduana mangrupakeun
>  du'a atawa tugas hirup, nyaeta: Muga-muga diri aya dina jalan anu
>  diraksa sawalasna ku Gisti anu Murbeng Alam.

katarik ku kecap "sun", naoan nya tumalina jeung kecap dina basa
inggris, nu hartina "panon poe". sabab "panon poe" atawa "srangenge"
oge dina candrasangkala teh nilaina 1 oge. (mh)

Kirim email ke