Haturnuhun pisan Mang eh Kang* (bingung sakapeung mah, kedah nyebat naon?...) 
Oman, meuni munel pulunganeunana. 

Nembe terang yen Sari Pohaci teh produksi Galuh ningan?* manawi teh wedak/pupur 
tiis  (bedak dingin) produk jamu ti Yogya atanapi Solo. Pangaosna mirah, pami 
teu lepat mah mung Rp. 500,- sok mendakan teh di apotek atanapi di tukang 
rampe. Khasiatna sae pisan tiasa janten bodas kanu raray, hanjakal kiwari kawon 
ku produk2 sanes tina bahan kimia nu nuju mahabu nyaeta krim paragi ngabodasan 
raray (whitening). 

Emut ka pun bibi nu sok pirajeunan nganggo Sari Pohaci pami bade bobo meuni sok 
camakblak. Hasilna? Kulit rarayna sae, teu aya ewateun, komo karinyed 
sakedik-kedik acan, duka pedah geulis tidituna heheh* Saur Prof. Hembing mah 
wedak tiis teh langkung sae pami dicaianana ku Letah Buhaya atanapi ku Jeruk 
Mipis. Amin, mugi2 produk inovasi Kang Yaya mah tiasa langkung onjoy ti Sari 
Pohaci... sareng tiasa ngajantenkeun para wanoja Sunda langkung geulis herang & 
mencrang... :) 
 
Sateuacan terang mah, pami maos majalah Mangle di luhureunana sok aya kalimah 
Sukaning Indriya Gapuraning Rahayu, manawi teh mung papaes wungkul*sihoreng eta 
teh ngandung hartos*heuheu*. Sanaos seueur keneh nu teu ngartosna 
Candrasangkala & Suryasangkala, ayeunamah tos rada enyay-enyayan. Ana kitu mah 
abdi ge tiasa ngadamel titimangsa sapertos kitu, mung kedah tataros kanu ahlina.

Sakali deui hatur nuhun pedaranana Mang Oman, diantos nu salajengna,
baktos,
Roro.


>>> [EMAIL PROTECTED] 11/16/07 10:35AM >>>
Neng Roro oge baraya sadaya,

Mangga ieu sapulukaneun katerangan kana naon anu ditaroskeun:

1. Sari Pohaci

Eta nami produk dagang kosmetika khas ti urang. Kapanggih jeung 
diusahakeun ku urang Ciamis, tina titinggal peperenian warisan 
budaya urang kapungkur.

Kosmetika "Sari Pohaci" (lulur/wedak) kaasup jugala di jamanna. Eta 
wae, numutkeun almarhum Pa Maskanan (ngantunkeun taun 1999), tilas 
flight engineer pesawat pribadi Presiden RI kahiji, BK tea, istrina 
BK oge, Ibu Fatmawati, ngalanggan atawa biasa nganggo wedak Sari 
Pohaci.Patali sareng kalimah abdi ngarespon postingan kang Yaya, 
ngusahakeun inovasi-inovasi kang Yaya teh lir ibarat ngahudangkeun 
deui sumanget jeung ngudag prestasi industri sakumaha anu kahontal 
ku wedak Sari Pohaci. Malah kudu langkung onjoy. Manawi wae 
kaparengkeun.

2. Sun Rawayan Raksaning Gusti
.....

Kirim email ke