Ieu mah sakedik ngajelaskeun anu abdi terang, anjeunna teh si "Hutabarat"
teh nyaeta lain Calon Gubernur ti Partai Golkar, mung ayeuna apanan Partai
Golkar (PG) DPD Jawa Barat teh caritana keur ngadamel acara konvensi
penjaringan bakal calon Gubernur anu bakal diusung ku PG Jabar. tah, si
"Hutabarat" ieu teh nyaeta salah sahiji peserta konvensi eta, anjeunna teh
pagawean sapopoena mah Pengacara. Tah, Konvensi PG Jabar teh ngabuka jang
saha wae anu arek ngadaftarkeun diri ngiringan ieu Konvensi, teu dibatasan
ku nanaon. malah anu orang luar PG Jabar oge meunang ngiluan, termasuk si
"Hutabarat" ieu, manehna teh lain pengurus di PG teh, ngan memang manehna
aktivis di Pemuda Pancasila. tah, ari aya urang batak anu rek nyalonkeun
dina konvensi ieu mah, ieu mah salah sahiji konsekuensi logis ti dibukana
keran demokrasi di nagara urang. Ngan ayeuna mah pemilih oge kudu pinter,
yen nu kitu mah tong dipilih. hehehehe....
Numutkeun kana media mah, ayeuna nu nuju rame di PG jawa Barat teh tos mulai
mengkerucut ka 3 nami, nyaeta Kang Danny Setiawan (incumbent), Kang UU
Rukmana (ketua DPD PG Jabar), Kang (mas) Yance (Bupati Indramayu) , tah kang
mas Yance mah nyalonkeun jadi Wagubna.
antosan weh, mana engke anu pasti bakal diusung ku PG.
ngan amun ceuk ramalan kuring, di Jawa Barat bakalan leuwih rame tibatan ti
Jakarta, calonna bakal leuwih ti 2. jigana mah aya tiluan,,, meureun ieu
oge. nyaeta:
1. Kang Danny (Golkar)
2. Kang Agum (PDIP)
3. Kang Nu'man (PPP)
4. ...... urang kusnet bade aya nu nyalonkeun??? hihihihi...

teras kumaha cenah sora PKS? jigana di Jawa Barat mah moal waka wani
sosoranganan jiga di DKI, ceuk meureun, PKS mah ayeuna keur nungguan
pasangan anu bakal di dukung. ngan ceuk ramalan Abah Jebrod ti Holis mah,
jigana PKS bakalan ngadukung Kang Danny, tapi eta oge mun pasanganna Kang
(mas) Yance. tapi amun engke Kang Danny pasanganna lain Yance, jigana sora
PKS bakal kabur.

Meureunan ketang eta mah prediksi2 teh, da geuningan Politik mah bisa rubah2
wae dina itungan detik oge. hehehe...

Walaahh... uing nulis jiga pengamat pulitik euy... heuheuheu... Ieu teh bati
nganggur euweuh gawe euy, jadi weh macaan koran, sautak saeutik narik
kasimpulan. hihihihi... Cag ah...


-Bohay-
Pengamat Pulitik Cap Kadal Buntung ;p

2007/11/16, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Baraya,
>
> Aya nu aheng dina spanduk salah saurang anu rek nyalonkeun maneh
> jadi gubernur Jabar periode 2009-2014. Nyaeta, sisi katuhu sanggeus
> di tengah ngajeglag foto/gambar nu nyalonkeun, na bet aya lambang
> Israel ("Is...") atawa Zionis. Etalah, meh ampir sakabehna warga ieu
> milist arapal, siga kumaha ari lambang Israel teh. Lamun dina
> bandera nagara Israel mah anu ditengah tea, dua pasang bukit zion
> (tiap pasang ka luhur jeung ka handap, simetris patengkep) ngawangun
> juru dalapan tea.
>
> Eta spanduk kapanggih di parapatan Binong, Kiara Condong (Kircon)-
> Gatsu, Bandung, kamari isuk-isuk. Sigana teu saeutik spanduk anu
> sarua jiga kitu, promosi ti salah saurang calon gubernur Jabar
> periode anu bakal datang. Upamana di parapatan Pasteur ge tembong
> hiji. Tapi, anu katembong lengkep jeung lambang Israel-na mah karek
> anu di parapatan Binong, Kircon. Sok sanajan kitu, sigana anu
> kapireungeuh di parapatan Pasteus jeung nu lianna oge sarua. Sabab
> ari barang model spanduk mah sok sacitakan.
>
> Patali jeung poster ti salah saurang anu hayang nyalonkeun gubernur
> Jabar anu kapanggih di parapatan Binong, Kircon, si kuring panasaran
> bisi salah tenjo, ma'lum sareretan katempo tina mobil nu keur liwat.
> Sapada harita nelepon babaturan, wartawan salah sahiji media citak
> di Bandung. Enya. cenah, eta anu nyalonkeun gubernur teh keur jadi
> masalah ayeuna-ayeuna ieu, loba pada ngomomgkeun kaasup dina
> internet kulantaran tindakanana masang iklan promosi acan dina
> waktuna jeung eta, dina spanduk promosina, bet make lambang anu kitu
> patut.
>
> Anu nyalonkeun gubernur Jabar periode 2009-2014 ieu, anu dina
> spanduk promosina aya lambang Israel tea, kabeneran aranna the make
> marga "Hutabarat". Tangtuna oge sakabeh US apal, ngaran anu make
> marga kitu mah aslina lain ti US. Minimal aslina mah lain US, sok
> sanajan, upamana, kabuktian geus nyunda pisan (nepi ka wani
> nyalonkeun jadi gubernur Jabar). .
>
> Nempo spanduk model kitu, hate noroweco: aya ku wanian eta jelema.
> Wanian ku hiji dua hal. Wanian anu ngaharib kana teu gableg
> kapeundeul alias teu boga ka era.
>
> Teu boga kaera kahiji, eta, anu rek nyalonkeun jadi gubernur teh
> siga teu apal kana lambang bandera Israel. Siga anu teu
> berpendidikan. Na bet dadaekanan masang gambar sorangan bari jeung
> dipaesan ku lambang nagara anu nagara Urang teu ngayakeun hubungan
> diplomatik jeung eta nagara. Hiji nagara anu umumna dimusuhan ku
> ummat Islam. Aya naon ieu teh? Rek nyieun pucuk ti girang?
>
> Teu boga era anu kadua, kukulunuan nyalonkeun maneh jadi gubernur
> Jabar. Aeh, tapi ieu mah pan alam demokrasi tea nya? Saha wae jeung
> keur propinsi mana wae meunang nyalonkeun gubernur. Perkara teu aya
> nu milih, eta mah urusan kadua. Diralat atuh teu boga era anu kadua
> mah, bisi aya anu nyintreuk. Ngan, ceuk beja, can waktuna cenah
> mangsa ayeuna masang spanduk iklan nyalonkeun gubernur, iklan supaya
> dipilih jadi gubernur. Jadi, inyana kaasup nyolong "start" tea.
> Upama bener, Kang Hutabarat ieu nyolong "start", nya luyu atuh
> cap "teu boga kaera" teh.
>
> Saterusna...,
>
> Sakumaha dina spanduk eta calon, disebutkeun yen inyana teh calon ti
> dpd Golkar, Jabar. Tah, tumali jeung hal eta, asa ku teungteuingeun
> ka Golkar Jabar. Asa kakurangan pisan pangaweruh kana situasi budaya
> masyarakat Jabar, Golkar Jabar teh. Piraku atuh Golkar Jabar teu
> apal, yen sabagean gede masyarakat Jabar teh diwangun ku masyarakat
> urang Sunda asli dina harti boh getih, boh kependudukan oge budayana
> nya budaya Jawa Barat.
>
> Piraku teu engeuh, yen ngamucunghulkeun calon gubernur Jabar ti
> seler sejen (minimal tina katurunan jeung ngaran) kana bari
> ngagerihan ka mayoritas urang Jabar? Sok sanajan upamana, eta bakal
> calon teh geus nyunda pisan kulantaran lahir jeung gede di Jabar,
> tapi, geus ngarupakeun alamiahna sifat masyarakat, asana keur
> tingkatan gubernur mah – minangka pamimpin utama masyarakat – kudu
> ku putera asli daerah. Naha teu aya pisan kader di Golkar Jabar?
> Atawa memang, Golkar Jabar teh "Golkar di Jabar" tapi lain "Golkar
> keur Jabar"? Ana kitu, rek kamana (quo vadis) atuh Golkar Jabar teh?
>
> Baraya, mungkin nalika maca ieu posting aya sababaraha warga milist
> anu protes atawa nuduh si kuring porimordial. Tapi, jujur wae, si
> kuring mah nepikeun naon anu jadi kamelang lamun gubernur Jabar ka
> hareup dijabat ku katurunan seler sejen. Asa teungteuingeun pisan,
> Jabar teh nepi ka teu boga warga US anu pantes jadi gubernur.
>
> Baraya, mangga perkara di luhur lenyepaneun urang sadaya.
>
> baktos,
> manAR
>
>  
>

Kirim email ke