Ari perkiraan abdi mah Spanduk eta dikaluarkeun ku Pribadi masing2 kang. da
saleresna mah kan Konvensi mah acara internal Partai Golkar, jadi nanaonan
atuh masang spanduk kanggo umum kitu? da anu milih dina konvensi mah apanan
para ketua DPD tingkat kota/ kabupaten.
janten jigana diluar sakaterang pengurus PG. Jadi eta mah Bang Huta anu
masang lambang2 kitu. meureunan caritana mah propaganda leuleutikan.
hehehe...

Tapi sakedahna mah, masang spanduk teh mun seusai prosedur mah tiasa di
"filter" heula, apanan masang spanduk teh kedah nyungkeun izin ka Dispenda
Kota Bandung, tah didinya apanan tiasa difilter "contain" si spanduk teh.

Tapi, sakaterang abdi, anu tos katinggal, si spanduk Bang Huta teh emang teu
aya izinan ti Dispenda, laaahh, ari jelema kitu mah teu kudu dipilih, mayar
pajak jang masang spanduk oge embung, komo deui ngurus pamarentah? jigana
duit pajak asup kana kantong. hihihihi...

-Bohay-

2007/11/17, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Nuhun kang Bohay...eh kang Reka,
>
> Rada "clear" ayeuna mah. Sok sanajan, ningali kana eusining spanduk
> anu ngadorong si kuring japri mimiti jejer "Jawa Barat - Hutabarat"
> ieu, nya tetep kacutat (tersurat) yen inyana teh calon gubernur ti
> partai golkar.
>
> Saterusna, perkara lambang tea? Tiasa dpd golkar ngajelaskeun? Atawa
> eta mah urusan bang Hutabarat?
>
> manAR
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "reka
> gayantika" <[EMAIL PROTECTED]>
>
> wrote:
> >
> > Ieu mah sakedik ngajelaskeun anu abdi terang, anjeunna teh
> si "Hutabarat"
> > teh nyaeta lain Calon Gubernur ti Partai Golkar, mung ayeuna
> apanan Partai
> > Golkar (PG) DPD Jawa Barat teh caritana keur ngadamel acara
> konvensi
> > penjaringan bakal calon Gubernur anu bakal diusung ku PG Jabar.
> tah, si
> > "Hutabarat" ieu teh nyaeta salah sahiji peserta konvensi eta,
> anjeunna teh
> > pagawean sapopoena mah Pengacara. Tah, Konvensi PG Jabar teh
> ngabuka jang
> > saha wae anu arek ngadaftarkeun diri ngiringan ieu Konvensi, teu
> dibatasan
> > ku nanaon. malah anu orang luar PG Jabar oge meunang ngiluan,
> termasuk si
> > "Hutabarat" ieu, manehna teh lain pengurus di PG teh, ngan memang
> manehna
> > aktivis di Pemuda Pancasila. tah, ari aya urang batak anu rek
> nyalonkeun
> > dina konvensi ieu mah, ieu mah salah sahiji konsekuensi logis ti
> dibukana
> > keran demokrasi di nagara urang. Ngan ayeuna mah pemilih oge kudu
> pinter,
> > yen nu kitu mah tong dipilih. hehehehe....
> > Numutkeun kana media mah, ayeuna nu nuju rame di PG jawa Barat teh
> tos mulai
> > mengkerucut ka 3 nami, nyaeta Kang Danny Setiawan (incumbent),
> Kang UU
> > Rukmana (ketua DPD PG Jabar), Kang (mas) Yance (Bupati
> Indramayu) , tah kang
> > mas Yance mah nyalonkeun jadi Wagubna.
> > antosan weh, mana engke anu pasti bakal diusung ku PG.
> > ngan amun ceuk ramalan kuring, di Jawa Barat bakalan leuwih rame
> tibatan ti
> > Jakarta, calonna bakal leuwih ti 2. jigana mah aya tiluan,,,
> meureun ieu
> > oge. nyaeta:
> > 1. Kang Danny (Golkar)
> > 2. Kang Agum (PDIP)
> > 3. Kang Nu'man (PPP)
> > 4. ...... urang kusnet bade aya nu nyalonkeun??? hihihihi...
> >
> > teras kumaha cenah sora PKS? jigana di Jawa Barat mah moal waka
> wani
> > sosoranganan jiga di DKI, ceuk meureun, PKS mah ayeuna keur
> nungguan
> > pasangan anu bakal di dukung. ngan ceuk ramalan Abah Jebrod ti
> Holis mah,
> > jigana PKS bakalan ngadukung Kang Danny, tapi eta oge mun
> pasanganna Kang
> > (mas) Yance. tapi amun engke Kang Danny pasanganna lain Yance,
> jigana sora
> > PKS bakal kabur.
> >
> > Meureunan ketang eta mah prediksi2 teh, da geuningan Politik mah
> bisa rubah2
> > wae dina itungan detik oge. hehehe...
> >
> > Walaahh... uing nulis jiga pengamat pulitik euy... heuheuheu...
> Ieu teh bati
> > nganggur euweuh gawe euy, jadi weh macaan koran, sautak saeutik
> narik
> > kasimpulan. hihihihi... Cag ah...
> >
> >
> > -Bohay-
> > Pengamat Pulitik Cap Kadal Buntung ;p
> >
> > 2007/11/16, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>:
> > >
> > > Baraya,
> > >
> > > Aya nu aheng dina spanduk salah saurang anu rek nyalonkeun maneh
> > > jadi gubernur Jabar periode 2009-2014. Nyaeta, sisi katuhu
> sanggeus
> > > di tengah ngajeglag foto/gambar nu nyalonkeun, na bet aya lambang
> > > Israel ("Is...") atawa Zionis. Etalah, meh ampir sakabehna warga
> ieu
> > > milist arapal, siga kumaha ari lambang Israel teh. Lamun dina
> > > bandera nagara Israel mah anu ditengah tea, dua pasang bukit zion
> > > (tiap pasang ka luhur jeung ka handap, simetris patengkep)
> ngawangun
> > > juru dalapan tea.
> > >
> > > Eta spanduk kapanggih di parapatan Binong, Kiara Condong
> (Kircon)-
> > > Gatsu, Bandung, kamari isuk-isuk. Sigana teu saeutik spanduk anu
> > > sarua jiga kitu, promosi ti salah saurang calon gubernur Jabar
> > > periode anu bakal datang. Upamana di parapatan Pasteur ge tembong
> > > hiji. Tapi, anu katembong lengkep jeung lambang Israel-na mah
> karek
> > > anu di parapatan Binong, Kircon. Sok sanajan kitu, sigana anu
> > > kapireungeuh di parapatan Pasteus jeung nu lianna oge sarua.
> Sabab
> > > ari barang model spanduk mah sok sacitakan.
> > >
> > > Patali jeung poster ti salah saurang anu hayang nyalonkeun
> gubernur
> > > Jabar anu kapanggih di parapatan Binong, Kircon, si kuring
> panasaran
> > > bisi salah tenjo, ma'lum sareretan katempo tina mobil nu keur
> liwat.
> > > Sapada harita nelepon babaturan, wartawan salah sahiji media
> citak
> > > di Bandung. Enya. cenah, eta anu nyalonkeun gubernur teh keur
> jadi
> > > masalah ayeuna-ayeuna ieu, loba pada ngomomgkeun kaasup dina
> > > internet kulantaran tindakanana masang iklan promosi acan dina
> > > waktuna jeung eta, dina spanduk promosina, bet make lambang anu
> kitu
> > > patut.
> > >
> > > Anu nyalonkeun gubernur Jabar periode 2009-2014 ieu, anu dina
> > > spanduk promosina aya lambang Israel tea, kabeneran aranna the
> make
> > > marga "Hutabarat". Tangtuna oge sakabeh US apal, ngaran anu make
> > > marga kitu mah aslina lain ti US. Minimal aslina mah lain US, sok
> > > sanajan, upamana, kabuktian geus nyunda pisan (nepi ka wani
> > > nyalonkeun jadi gubernur Jabar). .
> > >
> > > Nempo spanduk model kitu, hate noroweco: aya ku wanian eta
> jelema.
> > > Wanian ku hiji dua hal. Wanian anu ngaharib kana teu gableg
> > > kapeundeul alias teu boga ka era.
> > >
> > > Teu boga kaera kahiji, eta, anu rek nyalonkeun jadi gubernur teh
> > > siga teu apal kana lambang bandera Israel. Siga anu teu
> > > berpendidikan. Na bet dadaekanan masang gambar sorangan bari
> jeung
> > > dipaesan ku lambang nagara anu nagara Urang teu ngayakeun
> hubungan
> > > diplomatik jeung eta nagara. Hiji nagara anu umumna dimusuhan ku
> > > ummat Islam. Aya naon ieu teh? Rek nyieun pucuk ti girang?
> > >
> > > Teu boga era anu kadua, kukulunuan nyalonkeun maneh jadi gubernur
> > > Jabar. Aeh, tapi ieu mah pan alam demokrasi tea nya? Saha wae
> jeung
> > > keur propinsi mana wae meunang nyalonkeun gubernur. Perkara teu
> aya
> > > nu milih, eta mah urusan kadua. Diralat atuh teu boga era anu
> kadua
> > > mah, bisi aya anu nyintreuk. Ngan, ceuk beja, can waktuna cenah
> > > mangsa ayeuna masang spanduk iklan nyalonkeun gubernur, iklan
> supaya
> > > dipilih jadi gubernur. Jadi, inyana kaasup nyolong "start" tea.
> > > Upama bener, Kang Hutabarat ieu nyolong "start", nya luyu atuh
> > > cap "teu boga kaera" teh.
> > >
> > > Saterusna...,
> > >
> > > Sakumaha dina spanduk eta calon, disebutkeun yen inyana teh
> calon ti
> > > dpd Golkar, Jabar. Tah, tumali jeung hal eta, asa ku
> teungteuingeun
> > > ka Golkar Jabar. Asa kakurangan pisan pangaweruh kana situasi
> budaya
> > > masyarakat Jabar, Golkar Jabar teh. Piraku atuh Golkar Jabar teu
> > > apal, yen sabagean gede masyarakat Jabar teh diwangun ku
> masyarakat
> > > urang Sunda asli dina harti boh getih, boh kependudukan oge
> budayana
> > > nya budaya Jawa Barat.
> > >
> > > Piraku teu engeuh, yen ngamucunghulkeun calon gubernur Jabar ti
> > > seler sejen (minimal tina katurunan jeung ngaran) kana bari
> > > ngagerihan ka mayoritas urang Jabar? Sok sanajan upamana, eta
> bakal
> > > calon teh geus nyunda pisan kulantaran lahir jeung gede di Jabar,
> > > tapi, geus ngarupakeun alamiahna sifat masyarakat, asana keur
> > > tingkatan gubernur mah – minangka pamimpin utama masyarakat –
> kudu
> > > ku putera asli daerah. Naha teu aya pisan kader di Golkar Jabar?
> > > Atawa memang, Golkar Jabar teh "Golkar di Jabar" tapi
> lain "Golkar
> > > keur Jabar"? Ana kitu, rek kamana (quo vadis) atuh Golkar Jabar
> teh?
> > >
> > > Baraya, mungkin nalika maca ieu posting aya sababaraha warga
> milist
> > > anu protes atawa nuduh si kuring porimordial. Tapi, jujur wae, si
> > > kuring mah nepikeun naon anu jadi kamelang lamun gubernur Jabar
> ka
> > > hareup dijabat ku katurunan seler sejen. Asa teungteuingeun
> pisan,
> > > Jabar teh nepi ka teu boga warga US anu pantes jadi gubernur.
> > >
> > > Baraya, mangga perkara di luhur lenyepaneun urang sadaya.
> > >
> > > baktos,
> > > manAR
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke