Wilujeng gabung di KUSnet kanggo Kang John van der
Ploeg.
kenalkeun wasta kuring rachmat, matuh jeung damel di
Depok.
Kuring katarik, cariosan kang John anu kantos matuh
(tinggal) di Cikalong Cianjur. Cik atuh ngadongeng
waktos di Cikalong Cianjur. Sawios basana kasar oge.
Di KUSnet bebas bade nganggo basa kasar/halus, anu
penting mah basa Sunda, ngalatih "kemampuan berbahasa"
Sunda baraya KUSnet.
mangga diantos dongengna.
baktos,
mrachmat Uidipura
.--- John van der Ploeg <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Hapunten ka sadaya nu tos ngumpul di Jatinangor,
> abdi teh tos angkat harita teh.
> Pek teh, siibina utah uger, atuh ka paksa uih deui.
> Eta da mangpang meungpeng sagala
> di tuang, ti batagor dugi ka combro, ai patuangan
> teu acan ciga baheula.
> Opat minggu abdi sareng siibi di Bandung, nepangan
> rerencangan nu masih keneh jumeneng,
> da seueur nu tos ngantunkeun.
> Ari kahoyong mah, moal nyarios bahasa Indonesia nuju
> di Bandung teh, tapi upami abdi naroskeun
> nanaon nganggo bahasa Sunda di waleranna nya nganggo
> bahasa Indonesia.
> Bade diajar teh, kumaha meni sesah.
> Ah ajeuna mah bade diajar didieu we, sugan we aya nu
> ngersakeun mamatahan abdi.
> Da ai bahasa nu kasar mah abdi tiasa keneh, da
> baheula di lembur Cikalong Ciancur biasa ngango
> bahasa
> sadidinteun.
> Salam kanggo sadayana anu ngaos sareng wargi
> UrangSunda.
> Ti nagri Walanda.
> JohnsiBodo & ibina
.
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal.
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.
http://overview.mail.yahoo.com/