Puguh ge Kang Agus Her, pas isuk-isuk rek "leumpang/lari pagi", kuring 
muka panto hareup imah, rek kaluar, ari pek koran Tribun Jabar geus 
ngagoler dina ubin. Kop dicokot, dibaca headlinena, gebeg teh aya foto 
Mang Dede nu punten keur kuring rada pikagilaeun, jeung beja Mang Dede 
rek diubaran ku rereongan para dokter ti Amerika Serikat. Bari harohah-
harehoh nanjak ka Bojongkoneng, pikiran kuring nganteng kana Gambar 
Mang Dede jeung ..... naha ari urang (kaasup kuring) bet euweuh nu 
paduli nya?

Baktos,
WALUYA
[Nu teu wani deui ningali eta gambar, bisi kaimpikeun ...]


--- In [email protected], "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mugi Mang Dede nu kaserang kasawat model (Lewandowsky-Lutz) kieu 
tiasa
> enggal damang.


Kirim email ke