Kuring mah sok prihatin ari jalma2 anu 'spesial' kitu dijadikeun bahan
tongtonan. Tapi nya sahanteuna maranehna meunang duit tina jadi bahan
tongtonan eta, da kalolobaan urang kanyataanana tara malire ka jalma2 kitu.
Jeung ari niat Hanny spk. kitu mah, memang mulya...

Balik kana masalah natambaanana, tah kitu bangsa (pamarentah?) urang mah...
Ari geus rek ditulungan ku batur, kakara arojah, da sieun batur ngalap bati
tina ngubaran & nalungtik kasakit Kang Dede. Mun rek disebut teu ihlas tea
mah, nya meureun bisa disebut kitu... Malire soteh pedah bae rek aya batur
nu rek ngubaran (najan memang bisa jadi aya motif di satukangeun eta). Tempo
ti johat Kang Dede pribadi, tangtu anjeunna suka aya nu haat ngubaran bari
jeung haratis...

Eta teh kutil, nya?

On 11/20/07, Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   tapi Bah Bil maos di Kompas online dinten ieu..
> ti DEPKES Indonesia nolak tawisan ti para Dokter Amerika teh... da cenah
> bade ditalungtik di Indonesia..
>
> tah saur anu ngawitan ngajakan Mang Dede kangge di kasarnamah di
> komersilkeun jadi seueur anu nyungkeun wawancara, bade ditayangkeun jsbna...
> malihan tos dikontrak ku FOX kangge di acara Discovery Channel
> mangga dihandap berita na...
>

Kirim email ke