Sanaos jenengan hese di ejah, tapi estuning dina basa sundana mah sigah pituin urang sunda. Cing cing dongengna di Eropah salami 40 an tahun, kumaha tah nasibna urang sunda sapotong teh? Kumaha dina perkawis warga nagara, naha janten ngiring ka rama atanapi ka ibu? Kumaha wae bangsa Eropah nganggap ka akang oge tangtos seueur deui anu sanesna anu sanasib? Muhun da teu lepat urang, saha anu daftar palay janten sigah ayeuna? Anging Gusti Alloh anu Maha Uninga Tur Welas Asih. Punten yeuh nyoksok jero sareng tetelepek sagala, sugan wae tina dongeng dongeng sapertos kieu, tiasa dibukukeun ku ahlina; saha wae tiasa nyandak mangfaatna. Hatur nuhun, baktos aki tams urang turki, turunan kidul ieu mah.
John van der Ploeg <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Wilujeng yi, kuring dek nyobaan ngadongeng jaman tai kotok dilebuan cenah. Kuring dilahirkeun taun 1947 di Tjimahi, Bandung Jawa barat. Indung asal Cikalong , Ciancur ai bapa penjajah teing kuring mah te puguh ai tangtungan urang sunda pendek hieudeng, ai ngaran hese di ejah. Bapa resep moro bagong, baheula mah loba di daerah sakuriling Cikalong, Cikadongdong sisi leuwi Citarum. Inget inget poho keur leutik sok di bawa, tapi ditinggal keun dilembur jeung Ema di imah Ene. Bapa jeung emang2 kaleuweng, balik2 mawa bagong paeh terus dibawa ka Bandung di jual ka urang Cina. Di imah Ene loba pangulinan, ngusep di balong atawa di susukan, neangan jangkrik, ngatepelan naon we. Bubuahan anu can asak, di grorogotan teing atuh da meni nikmat baheulamah. Ajeunamah oloolo, buah hasem saeutik dipiceun. Kuring di lembur tepika umur 8 taun, terus sakola diTjimahi Baros, bapa dines di Tjimahi terus pindah ka Bandung sakola diBandung tapi teu anggeus da bangor. Pagawean ulin, kokoboyan caritanamah harita teh, tapi da eweuh hasilna, sakola teu bener. Taun 1968 kuring indit ka Europa neangan nafkah tepika ajeuna. Dua taun dei kuring di pangsiun, mun dibere umur panjang kuring hayang balik, netep dei di lembur. Ieu teh dongeng pondok soalna di gugubrag kudu turun ku siibina, dititah dahar. Ke urang sambung deui, urang inget2 heula pangalaman baheula keur leutik. Salam ka sararea.. JohnsiBodo ----- Original Message ---- From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, 19 November, 2007 5:46:13 AM Subject: Re: [Urang Sunda] mulih ka Bandung...dongeng di Cianjur Wilujeng gabung di KUSnet kanggo Kang John van der Ploeg. kenalkeun wasta kuring rachmat, matuh jeung damel di Depok. Kuring katarik, cariosan kang John anu kantos matuh (tinggal) di Cikalong Cianjur. Cik atuh ngadongeng waktos di Cikalong Cianjur. Sawios basana kasar oge. Di KUSnet bebas bade nganggo basa kasar/halus, anu penting mah basa Sunda, ngalatih "kemampuan berbahasa" Sunda baraya KUSnet. mangga diantos dongengna. baktos, mrachmat Uidipura .--- John van der Ploeg <pinterpisan@ yahoo.co. uk> wrote: > Hapunten ka sadaya nu tos ngumpul di Jatinangor, > abdi teh tos angkat harita teh. > Pek teh, siibina utah uger, atuh ka paksa uih deui. > Eta da mangpang meungpeng sagala > di tuang, ti batagor dugi ka combro, ai patuangan > teu acan ciga baheula. > Opat minggu abdi sareng siibi di Bandung, nepangan > rerencangan nu masih keneh jumeneng, > da seueur nu tos ngantunkeun. > Ari kahoyong mah, moal nyarios bahasa Indonesia nuju > di Bandung teh, tapi upami abdi naroskeun > nanaon nganggo bahasa Sunda di waleranna nya nganggo > bahasa Indonesia. > Bade diajar teh, kumaha meni sesah. > Ah ajeuna mah bade diajar didieu we, sugan we aya nu > ngersakeun mamatahan abdi. > Da ai bahasa nu kasar mah abdi tiasa keneh, da > baheula di lembur Cikalong Ciancur biasa ngango > bahasa > sadidinteun. > Salam kanggo sadayana anu ngaos sareng wargi > UrangSunda. > Ti nagri Walanda. > JohnsiBodo & ibina . ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how. http://overview. mail.yahoo. com/ --------------------------------- For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month. --------------------------------- Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.

