Kang John, hampura we kuring nga-akang-keun, da dina umur mah meh ampir mapakan 
ngan ukur beda 4 taun, kuring lahir tahun 1951, kang John taun 1947, jadi teu 
geseh teuing.
Eta kataji ku foto jaman baheula, lamun aya keneh mah saena dikirmkeun deui 
kadieu ka Kusnet, ambih pada terang kumaha jaman baheula. Mun teu salah di 
KITLV teh loba pisan foto kaayaan jaman baheula di Tatar Sunda. Pangpangna 
kuring teh perelu pisan foto kaayaan walungan Cikapundung jaman baheula, hayang 
tulas tulis saeutik perkara Cikapundung, utamana kumaha disiplinna jaman harita 
samemeh taun 1945, maksud teh disiplinna masyarakat sabudeureunana, dina 
ngajaga ngariksa Cikapundung. Hayang ngabandingkeun jeung kaayaan jaman kiwari.
Upami aya mah gambar/foto Cikapundung di nagri Walanda anu tiasa di-kunjal 
(download) hatur nuhun pisan.

M.Sasmita
Nu kokolot begog.



  ----- Original Message ----- 
  From: John van der Ploeg 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, November 20, 2007 12:43 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [Urang Sunda.dongeng keur leutik
  Hatur nuhun yi, anjeun tos wantun ngaos dongeng eh sanes dongeng pangalaman
  abdi nu sakapeung prihatin oge pikaserieun.
  Punten we nya abdi bade nganggo bahasa Sunda anu di anggo sadidinten te sesah 
  nyeratna, da bahasa anu di anggo ku menak Ciancur mah meni sesah nelarna.
  Perkara warga negara mah, eta mah ngan surat jalan hungkul ameh gampil mun dek
  ka nagara nu lain. Da kajeun kumaha kuring lahir di nagri Sunda Indonesia, 
kahiji kuring 
  ngarasa urang Sunda ka dua orang Indonesia warga nagara walanda katilu warga 
dunya.
  Yi, di Europa sarua  jeung di lembur(Indonesia) mun urang hormat ka batur, 
batur ge 
   hormat ka urang. Sopan santun nu baheula ku Ema jeung saderek kabeh di 
ajarkeun
  dikudukeun,  sakapeung  dipaksakeun. Da keur leutik  sok  rada  beleguk,  
atuh  di ketrok 
  atawa dijewer celi kuring bari dipapagahan, sopan santun teh bekel hirup.
  Ajeuna kuring ngarasakeun, make bekel hormat jeung sopan santun ngulilingan 
dunya dimana
  mana kuring di tarima ku bangsa naon oge. ku nu hideung, koneng bodas.
  Kuring mundak 60 taun, taun kamari eureun maenbal ... da keur umur 40han mah 
sok
  mulang ka lembur( Indonesia) mawa babaturan maenbal di lembur. Eleh wae da 
babaturan kuring
  geus karolot teuing, ngalawan Persib jaman Ajat Sudrajat, Persikap lawan na 
umur 20puluhan.
  Komo wae atuh di hakan jeung buukna he he he.
  Kumaha ejeu teh ngadongeng ka kaler ka kidul te puguh tujuan nana .
  eureun heula we nya urang mikir heula meh babari dibacana., ajeuna mah nu 
inget langsung di tulis
  jadi lieur sorangan jeuh.
  JohnsiBodo


   
   

Kirim email ke