Wah, supire eh.. surprise oge kang John ngadongeng
"jaman baheula'. Babakuna mah, kana kahoyong kang John
anu bade "kebo mulih pakandangan". Hartosna dina diri
Kang John teh masih aya "Getih goib" Kasundaan.
Tuh, seueur wargi KUSnet anu ngabageakeun Kang John.
Mangga diteraskeun dongengengna.
Kuring sok sering ka Cianjur kidul (Pagelaran), tempat
dimana pun bojo digedekeun. Sok mireng wartos, di
salah sawios wewengkon Cianjur kidul, masih aya
turunan Walanda, katingali tina profil sareng dedeg
pangadegna.
baktos,
mrachmat UIdipura
nu teu boga getih goib Wawalandaan
> John van der Ploeg <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeng yi, kuring dek nyobaan
> ngadongeng jaman tai kotok dilebuan cenah.
> Kuring dilahirkeun taun 1947 di Tjimahi, Bandung
> Jawa barat.
> Indung asal Cikalong , Ciancur ai bapa penjajah
> teing kuring mah te puguh
> ai tangtungan urang sunda pendek hieudeng, ai ngaran
> hese di ejah.
> Bapa resep moro bagong, baheula mah loba di daerah
> sakuriling Cikalong, Cikadongdong
> sisi leuwi Citarum. Inget inget poho keur leutik sok
> di bawa, tapi ditinggal keun dilembur jeung
> Ema di imah Ene. Bapa jeung emang2 kaleuweng, balik2
> mawa bagong paeh terus dibawa ka
> Bandung di jual ka urang Cina. Di imah Ene loba
> pangulinan, ngusep di balong atawa di susukan,
> neangan jangkrik, ngatepelan naon we. Bubuahan anu
> can asak, di grorogotan teing atuh da meni
> nikmat baheulamah. Ajeunamah oloolo, buah hasem
> saeutik dipiceun.
> Kuring di lembur tepika umur 8 taun, terus sakola
> diTjimahi Baros, bapa dines di Tjimahi terus
> pindah ka Bandung sakola diBandung tapi teu anggeus
> da bangor.
> Pagawean ulin, kokoboyan caritanamah harita teh,
> tapi da eweuh hasilna, sakola teu bener.
> Taun 1968 kuring indit ka Europa neangan nafkah
> tepika ajeuna. Dua taun dei kuring di pangsiun,
> mun dibere umur panjang kuring hayang balik, netep
> dei di lembur.
> Ieu teh dongeng pondok soalna di gugubrag kudu turun
> ku siibina, dititah dahar.
> Ke urang sambung deui, urang inget2 heula pangalaman
> baheula keur leutik.
> Salam ka sararea..
> JohnsiBodo
____________________________________________________________________________________
Get easy, one-click access to your favorites.
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo.com/r/hs