Tina pedaran anu panjang ieu.lamun dietang aya puluhan
paktor anu saling ngait...naha para ahli di Indonesia
parantos mendak..naon "root cause" na nepi ka nagara
urang siga kieu. Aya henteu anu tos mendak..supados
ata "root cause" na teh...henteu seueur
pisan...supados tiasa pokus kana
ngabenerkeunna...Kumargi lamun anu disangka panyabab
urang "fiasco" kieu..seuseur paktorna..nya hese pisan
ngubarannana.....

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Ieu aya data-data kamiskinan di Indonesia. Taun 2005
> jalmi anu miskin aya 37 juta jiwa sareng
> pangangguran
> 11 juta, sabada Indonesia  kenging “angin puyuh”
> inflasi 13,7 % (waktos harita subsidi BBM dikirangan
> pisan ku pamarentah). Bank Dunia tahun 2006, ngetang
> sorangan ku carana sorangan oge, aya 100 juta jiwa
> anu
> kipayahna teu langkung ti US$ 2/dinten. (dicutat
> tina
> C.P.I, Investasi Asing, dan Potensi Industri Angin –
> Pidato ilmiah Pengukuhan Guru Besar Kresnohadi
> Ariyoto
> Karnen, 14 Nov 2007).
> 
> Data kamiskinan versi BPS (Badan Pusat Statistik)
> anu
> dikaluarkeun sasih Maret 2007, aya 37,17 juta jiwa
> (16,58 % tina total populasi penduduk Indonesia).
> Tina
> jumlah  penduduk anu miskin teh 66% diantawisna aya
> di
> wewengkon pedesaan, dimana 56% penduduk miskin di
> desa
> ngagantungkeun kahirupanana tina tatanen tani.
> Mayoritas maranehanana teh (90%) “pekerja keras”,
> tapi
> tetep wae miskin. Hal ieu teh kumargi maranehanana
> lemah dina hal akses ka sumber-sumber ekonomi sareng
> sumber-sumber politik. Kamiskinan strukutral ieu,
> anu
> ngabalukarkeun ayana kahirupan anu jomplang, antara
> masyarakat desa sareng masyarakat kota, mingkin
> lebar
> jurang golongan jalma jegud  sareng jalma miskin.
> Salah sahiji bibit heunteu adil sareng heunteu
> walatra
> Atuh dina perkara pangangguran terbuka (data
> Februari
> 2007) aya kana 10,55 juta jiwa (9,75 % tina total
> angkatan kerja), anu sumebar di wewengkon Pulau Jawa
> (10,39 %),  Pulau Sulawesi (9,94%), Pulau Sumatera
> (9,62%). Angka angkatan kerja satengah pangangguran
> aya 29,29 juta jiwa, anu paling seueur di wewengkon
> padesaan. %).(dicutat tina buku "Reforma Agraria dan
> Keadilan Sosial" karya Joyo Winoto, Ph.D  Bahan
> kuliah
> Umum di FISIP UI, 16 Nov 2007)  
> 
> Kamiskinan sareng pangangguran anu kaetang ageung
> ieu,
> eunteung tina pasualan-pasualan struktural anu kedah
> disanghareupan. Hal ieu teh mangrupa pasualan anu
> berakumulasi ti awit jaman penjajahan tug nepi ka
> kiwari. Nyaeta pasualan kaadilan sosial, distribusi
> kakayaan sareng kasejahteraan anu heunteu walatra.
> 
> Kalemahan anu utama, waktu periode Sukarno, can nepi
> pangwangunan rengse, mucunghul krisis politik (G 30
> S/PKI), Jaman Soeharto pangwangunan
> dikonsentrasikeun
> di wewengkon kota, sentralisasi kakuasaan, dipendet
> kabebasan ngaluarekeun uneg-unegk ditutup saluran
> demokrasi.Atuh dina perkara kawijakan nganut pola
> colonial mode of development, anu leuwih mentingkeun
> ngagedekeun kueh pangwangunan tibatan pemerataan,
> ngaeksploitasi sumberdaya alam , nyieun kawijakan
> anu
> sipatna generik pikeun sakabeh  wewengkon, narekahan
> hiji masalah ngan semet diluhurna wae, teu pati jero
> kana pasualan anu mendasar. Antukna nimbulkeun
> pasualan anyar. Jaman reformasi sibuk nyeuseup alam
> demokrasi, otonomi daerah, ngurus kapentingan
> pribadi
> ku cara korupsi berjamaah, mopohokeun kaadilan jeung
> kasejahteraan pikeun rahayat. Kadang-kadang
> kawijakan/aturan anu dikaluarkeun ngarempag
> konstitusi
> sareng ideologi.
> 
> Sajatina rahayat teh kedah gaduh akses kanggo
> ngabebaskeun dirina sorangan  ngalangkungan proses
> pangwangunan, tina perkara kabodoan, ketergantungan,
> tina panindesan, kasempitan hirup kumbuh,
> katergantungan tina kasieun. Tah, perkara ieu, ti
> jaman penjajah nepi ka ayeuna teu beres-beres diurus
> ku pamarentah. Intina mah kumaha caranya sangkan
> bisa
> ngawujudkeun pangwangunan anu leuwih walatra sareng
> adil, pikeun sakumna rahayat Indonesia, sapertos anu
> diamanatkeun sakumaha anu janten tujuan sareng
> cita-cita Indonesia merdeka. 
> 
> Colonial mode of development , nyaeta  rorongkong
> pipikiran pangwangunan anu sipatna kolonialistik,
> eksploitatif, teu ngabebaskeun sareng berspektif
> jangka pondok.
> 
> End pipe policies, nyaeta kawijakan anu sifatna
> temporer/reaktif tina pasualan umum, gagal dina
> ngaidentifikasi sareng mecahkeun akar pasualan, teu
> aya daya narekahan pasualan.
> 
> 
> Baktos,
> 
> Mrachmat UIdipura
> 
> BENER, BEUNEUR jeung JEUJEUH
> 
> 
> 
> 
> 
> --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > aduuuh... mani hese euy...
> > 
> > Cikan, Kang, nyungkeun dipedar ngeunaan
> > kolonialistik, eksploitatif, henteu
> > ngabebaskeun, myopic, perspektif jangka pondok,
> > jeung pipe policies...
> > 
> 
> 
> 
>      
>
____________________________________________________________________________________
> Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
> http://www.yahoo.com/r/hs
> 



      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke