Puguh oge "satengah paeh", nuliskeunana, bari jeung
utag-atog. Tapi masih aya wae salahna, siga anu
dikoreksi ku kang Dudi.(nuhun kang Ndoed tos
dikoreksi).
Intina mah, kuring kataji ku konsepna kepala BPN Pa
Joyo Winoto teh, aya paradigma anyar dina nyieun
konsep solusi anu ditawarkeun, nyaeta disaluyukeun
kana cita-cita kamerdekaan jeung konstitusi, anu
jarang jadi ugeran "para pengambil kebijakan".

Contona, lamun enya bener sakumaha anu ditetelakeun ku
Kang Jalak "Tirta Wijaya" Pakuan, yen Temasek teh
monopoli harga pulsa telkom/indosat, kusabab boga
saham mayoritas di pausahaan eta, geus bertentangan
jeung amanat konstitusi, anu netelakeun, lemah cai
jeung saeusina dipake  sagede-gedena pikeun
karaharjaan rahayat. Anu leuwih sedih mah pan
"penjualan" saham mayoritas teh kajadian waktu pupuhu
nagara aya dina kakawasaan anakna proklamator, jeung
disatujuan ku para anggota wakil rahayat "yang
terhormat" anu ngarasa reformis batan wakil rahayat
jaman orde baru.(harita teh menteri sekertaris
negarana saha nya? Bambang Kesowo kitu? atawa Ali
Mazi, anu "ngajual" lahan "nagara" senayan ka anakna
Ibnu Sutowo?)

baktos,

mrachmat Uidipura
anu sok "nyanyahoanan" jeung pipilueun

--- tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Hebat kang Rahmat.
> Hatur nuhun tos disundakeun. Tadina kuring rek kitu
> (bari era....).
> Hebat lah...
> 
> Baktos
> tantan
> 



      
____________________________________________________________________________________
Get easy, one-click access to your favorites. 
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo.com/r/hs 

Kirim email ke