Satuju pisan eta kanyataanana anu kaalaman ku urang sadaya kiwari. Aki tams 
bade nambihan sakedik, dina perkawis: 1). "kabodoan" rahayat, eta teh jirima 
tina lemahna kurikulum pendidikan di Indonesia, anu nyiptakeun calon2 buruh. 
Sakedahna saimbang sareng nyiptakeun calon usahawan (kiwari mung 0,18 % 
usahawan anu idealna pami teu lepat kedah 2% tina jumlah penduduk), ari seueur 
pisan lulusan milari padamelan atuh tangtos wae sesah, da puguh anu damel 
pausahaan teu sabanding. 2). Perkawis faktor2 produksi. 
   
  Salah sawios "faktor produksi" anu karaos lemah di sadaya negara anu nuju 
ngabangun teh nyaeta "modal artos", Jadi upami faktor produksi aya 5, 3 faktor 
di urang teh lemah pisan; nyaeta: usahawan, teknologi, sareng modal artos tea. 
Tanah/alam urang maweuh, oge buruh, seueur pisan anu nganggur di sagala 
tingkatan. 
   
  Cara2 ngigelan ieu masalah tangtos sesah, peryogi waktos; kedah milih anu 
paling efisien mana heula anu bade gigarap janten prioritas. Mungkin tiasa 
dikawitan pendidikan urang nyeueuran insinyur, alias eksakta anu orientasina 
pasar. Tos aya tanda2, jago2 dunia eksakta bangsa Indonesia tos jelas 
ngelehkeun nagara2 sanes. Mung dina praktekna can katingal calon2 pembisnis 
kelas dunia anu bakal nampung SDM unggul urang. Boa2 anu ngamangpaatkeun malah 
nagara2 maju, jelas kaalaman kiwari oge. 
   
  Faktor Teknologi milihna kedah ati2, margi upami langsung mekanisasi modern, 
tangtos pangangguran malih janten maweuh. Anu kalebet konci saleresna faktor 
"modal artos" dana kredit, utamina kanggo usahawan menengah alit (UKM) sareng 
calon2 usahawan.Kiwari pamarentah masih ngamihak usahawan2 ageung, upami teu 
lepat mah kucuran dana kredit 70 % usaha ageung, mung 30% kangge UKM; padahal 
UKM jelas tiasa seueur nampung buruh sareng tahan banting ku resesi; pilar 
sakaligus pondasi usaha industri ageung.
   
  Sigahna Bank2 kedah aya petugas lapangan anu direkrut ngahaja keur ngabantos 
teknis perbangkan sakantenan ngabimbing soksokanana kredit bank anu dicairkeun. 
Maksadna teu lepat ngabalanjakeun, bilih aya anu ngagaleuh barang anu teu 
patula patalina sareng kagiatan usaha. Nya kadituna mah supaya ngirangan kredit 
macet. 
   
  Kucara kitu peranan ijon sareng pelepas kredit artos panas, tiasa kasaingan 
ku ayana Bank2 terjun jemput bola di lapangan. Tangtos kedah aya oge filter2 
supados kredit bocor (KKN) tiasa dicegah; eta masalah teknis, sagala transaksi 
ka institusi2 resmi, teu aya individu masihan atanapi nampi bayaran, sapertos 
dina lalin ngange tilang warna biru; eta sistem sae.
  
Masalah jumlah dana memang sok kirang wae, gumantung kana proses kagiatan 
produksi sareng jumlah industrina. Dina masalah ieu tangtos tugasna BI. Kumaha 
BI kedahna ngigelan, janten hanca, insya Alloh.
   
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Ieu aya data-data kamiskinan di Indonesia. Taun 2005
jalmi anu miskin aya 37 juta jiwa sareng pangangguran
11 juta, sabada Indonesia kenging “angin puyuh”
inflasi 13,7 % (waktos harita subsidi BBM dikirangan
pisan ku pamarentah). Bank Dunia tahun 2006, ngetang
sorangan ku carana sorangan oge, aya 100 juta jiwa anu
kipayahna teu langkung ti US$ 2/dinten. (dicutat tina
C.P.I, Investasi Asing, dan Potensi Industri Angin –
Pidato ilmiah Pengukuhan Guru Besar Kresnohadi Ariyoto
Karnen, 14 Nov 2007).

Data kamiskinan versi BPS (Badan Pusat Statistik) anu
dikaluarkeun sasih Maret 2007, aya 37,17 juta jiwa
(16,58 % tina total populasi penduduk Indonesia). Tina
jumlah penduduk anu miskin teh 66% diantawisna aya di
wewengkon pedesaan, dimana 56% penduduk miskin di desa
ngagantungkeun kahirupanana tina tatanen tani.
Mayoritas maranehanana teh (90%) “pekerja keras”, tapi
tetep wae miskin. Hal ieu teh kumargi maranehanana
lemah dina hal akses ka sumber-sumber ekonomi sareng
sumber-sumber politik. Kamiskinan strukutral ieu, anu
ngabalukarkeun ayana kahirupan anu jomplang, antara
masyarakat desa sareng masyarakat kota, mingkin lebar
jurang golongan jalma jegud sareng jalma miskin.
Salah sahiji bibit heunteu adil sareng heunteu walatra
Atuh dina perkara pangangguran terbuka (data Februari
2007) aya kana 10,55 juta jiwa (9,75 % tina total
angkatan kerja), anu sumebar di wewengkon Pulau Jawa
(10,39 %), Pulau Sulawesi (9,94%), Pulau Sumatera
(9,62%). Angka angkatan kerja satengah pangangguran
aya 29,29 juta jiwa, anu paling seueur di wewengkon
padesaan. %).(dicutat tina buku "Reforma Agraria dan
Keadilan Sosial" karya Joyo Winoto, Ph.D Bahan kuliah
Umum di FISIP UI, 16 Nov 2007) 

Kamiskinan sareng pangangguran anu kaetang ageung ieu,
eunteung tina pasualan-pasualan struktural anu kedah
disanghareupan. Hal ieu teh mangrupa pasualan anu
berakumulasi ti awit jaman penjajahan tug nepi ka
kiwari. Nyaeta pasualan kaadilan sosial, distribusi
kakayaan sareng kasejahteraan anu heunteu walatra.

Kalemahan anu utama, waktu periode Sukarno, can nepi
pangwangunan rengse, mucunghul krisis politik (G 30
S/PKI), Jaman Soeharto pangwangunan dikonsentrasikeun
di wewengkon kota, sentralisasi kakuasaan, dipendet
kabebasan ngaluarekeun uneg-unegk ditutup saluran
demokrasi.Atuh dina perkara kawijakan nganut pola
colonial mode of development, anu leuwih mentingkeun
ngagedekeun kueh pangwangunan tibatan pemerataan,
ngaeksploitasi sumberdaya alam , nyieun kawijakan anu
sipatna generik pikeun sakabeh wewengkon, narekahan
hiji masalah ngan semet diluhurna wae, teu pati jero
kana pasualan anu mendasar. Antukna nimbulkeun
pasualan anyar. Jaman reformasi sibuk nyeuseup alam
demokrasi, otonomi daerah, ngurus kapentingan pribadi
ku cara korupsi berjamaah, mopohokeun kaadilan jeung
kasejahteraan pikeun rahayat. Kadang-kadang
kawijakan/aturan anu dikaluarkeun ngarempag konstitusi
sareng ideologi.

Sajatina rahayat teh kedah gaduh akses kanggo
ngabebaskeun dirina sorangan ngalangkungan proses
pangwangunan, tina perkara kabodoan, ketergantungan,
tina panindesan, kasempitan hirup kumbuh,
katergantungan tina kasieun. Tah, perkara ieu, ti
jaman penjajah nepi ka ayeuna teu beres-beres diurus
ku pamarentah. Intina mah kumaha caranya sangkan bisa
ngawujudkeun pangwangunan anu leuwih walatra sareng
adil, pikeun sakumna rahayat Indonesia, sapertos anu
diamanatkeun sakumaha anu janten tujuan sareng
cita-cita Indonesia merdeka. 

Colonial mode of development , nyaeta rorongkong
pipikiran pangwangunan anu sipatna kolonialistik,
eksploitatif, teu ngabebaskeun sareng berspektif
jangka pondok.

End pipe policies, nyaeta kawijakan anu sifatna
temporer/reaktif tina pasualan umum, gagal dina
ngaidentifikasi sareng mecahkeun akar pasualan, teu
aya daya narekahan pasualan.

Baktos,

Mrachmat UIdipura

BENER, BEUNEUR jeung JEUJEUH

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> aduuuh... mani hese euy...
> 
> Cikan, Kang, nyungkeun dipedar ngeunaan
> kolonialistik, eksploitatif, henteu
> ngabebaskeun, myopic, perspektif jangka pondok,
> jeung pipe policies...
> 

__________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs


                         

       
---------------------------------
Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.

Kirim email ke