ditilik-tilik, geuning kembang anthurium teh, bebendulna jiga kembang acung. acung di lembur hirup liar di kebon awi. ngan lamun mangsa kembangan, kembangna kacida 'seungitna', matak olab nu ngaliwat. (mh)
On 11/20/07, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Pun bibi,,, resep kana kembang, boga kembang anthurium nu kieu geus ti > bareto, ti saacan usum ngurus antharium. > aya hiji kembang anthurium anu geus badag pisan, jaba leubeut, tah eta > kembang teh sababaraha bulan katukang pernah ditawar ditukeuran ku mobil > jazz, cenah jang dipelakeun di Istana Negara. > ari ceuk kuring mah, anu teu resep kembang, mendingan dijual weh eta > kembang teh, da boga keneh anu laleutikna, tapi da dasar beuki jadina teu > dijual, keur mah meureunan geus boga Jazz. hihihihi... > > tapi ceuk bibi kuring mah, ayeuna cenah teu mahal, soalna geus loba anu > miara, janten weh ayeuna mah paling mahal oge 25 juta. eta oge aya sih anu > nawarkeun ratusan juta, ngan nu meulina euweuh ayeuna mah. hihihihi... > > > -Bohay- > > 2007/11/20, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>: > > > > Wilujeng wayah kieu baraya... > > Ubral-obrol perkawis Anthurium, ngiring ngadongeng ah... :) > > ** > > *Harééng Anthurium* > > > > Béda ti Lebaran kamari-kamari, kuring meunang SMS ti adi kuring nu > > eusina kieu : > > > > Tatkala sejuta Anthurium daun yang hadir… > > Terlukis sesuatu yang indah darinya. > > Semanis Gelombang Cinta > > Semerbak Hookeri Merah dan Hijau > > Seelok Black Beauty Burgundi > > Seunik daun Variegata > > Secerah harapan pada sebuah Jemani > > Seiring Corong mengumandangkan Takbir kemenangan > > Allahu Akbar 3x. Minal Aidin Wal Faidzin. > > Mohon maaf lahir & batin. > > > > Kuring ngan ukur seuri… hahah… dasar tukang kembang! > > > > Terang terus, éh terus terang kuring gé sabenerna keur meujeuhna > > katarajang "harééng Gelombang Cinta" nu sakitu "panas"na… Dauna héjo meles, > > sisina galing arela-areli, pakang jeung urat-urat daunna kacida weweg, > > nyanghareup ka luhur bangun boga wibawa. Pantes mun dilandih Kembang > > Karajaan nu sok diingu ku para ménak/ningrat, deuih hargana mahal > > kabina-bina. Teu anéh mun kunu jegud jeung loba duit, kembang ieu dibeuli > > pikeun nambahan géngsi. > > > > Sakapeung kuring gé teu ngarti naha harga Anthurium téh bisa mahal-mahal > > teuing? Piranagé kembang? Kamari mah maca dina Manglé nepi kaaya nu hargana > > samilyar sagala!Gusti Nu Agung! Nya, paingan atuh teu salah-salah teuing mun > > loba jelema nu kabongroy hayang téréh beunghar. Aya benerna ogé, yén > > masyarakat urang can bisa nangtunkeun mana nu diheulakeun. Mun ninggang dinu > > malarat masakat mah tipada meuli kembang kitu patut, mendingan meuli > > kéjoeun. Tapi ari jalema nu ngarti tur resep kana kaéndahan katambah boga > > duit mah, nya teu nanaon lain? Asal duitna duit tiis lain tina hasil maling, > > korupsi atawa pungli. > > > > Salaku awéwé kuring gé resep pisan kana kembang & pepelakan, > > pangpangnamah nu ngahasilkeun daun, sabab bisa jadi ubar keur panon jeung > > matak nyecep kana haté, pokonamah kaéndahanana teu bisa digambarkeun ku > > kecap atawa kalimah. Maklum tuda sapopoé ti isuk bentuk nepi ka soré jedér > > molototan baé komputer nu haben nyorotkeun radiasi. Katurug-turug aya béja > > ti adi kuring yén kiwari keur mahabu kembang Anthurium. Panasaran ogé éta > > kembang téh jiga kumaha? kuring ngan bisa sosorodotan ningalian di Internet, > > tina buku/koran & majalah. Ningali kitu adi beuteung kuring karunyaeun, > > manéhna haat méré kuring tilu kembang anakna kayaning Jemani, Gelombang > > Cinta jeung Variegata. > > > > Capé haté boga ingon-ingon téh, da buruan imah indung kuring heureut > > pisan, éta kembang dibawa ungkrah angkrih kaluar kajero. Isuk-isuk rék gawé, > > ku kuring diakutan ka luar, dicéboran, diilik-ilik ti sisi ti gigir, teu > > sidikna ditatap bari diusap. Mun keur kaparengan nyalsé sok dielapan ku > > busa, méh daunna hérang (héhéh…kaciri euweuh gawena téh). Keur > > "dahareunana", aya cai urut ngisikan sok dibanjurkeun lumayan jadi marontok, > > aya cacing & kutu daun dipiceunan. Kacida atoh jeung bungahna mun mucunghul > > pidauneun anyar, dinangna néngné jiga nanggeuy endog beubeureumna. Balik > > gawé liwat Magrib, ku kuring diampihkeun, da bisi disikat ku beurit, maklum > > beurit Sunda tea beuki lalab, kumaha mun dihakan? Jabaning mani baradag, > > meujeuhna keur saté-un atawa dijieun baso heheh…. Salian éta, pangpangnamah > > bisi aya nu maling…ngégél curuk pan? > > > > Manglayang, kitu ngaran toko kembang Anthurium bogana adi beuteung > > kuring. Naha lain Lawu nu deukeut ka imah manéhna? Bromo, Kendeng, atawa > > Kelud nu keur meujeuhna "batuk" jeung ngaran gunung-gunung lian nu aya di > > Jawa Timur? Majarkeun teh nineung pisan, sabab STPDN tempat manéhna baheula > > ngalap élmu aya di tutugan Gunung Manglayang jeung pamajikanana urang Sunda. > > Gawé bareng jeung babaturanana, manéhna ngajual ti mimiti siki nepi ka > > kembang nu jangkungna aya kana sameteran leuwih. Ti mimiti harga puluhan > > rewu nepi ka puluhan juta (promosi… baradé yeuh…! heheh…). Manéhna bur-ber > > asruk-asrukan nyiar Anthurium ka wewengkon sejen salian ti Jawa Timur tuluy > > disasar ka Jawa Tengah kaasup puseurna di Karanganyar Solo jeung Yogyakarta, > > geus puguh ari ka Lembang mah remen bulak-balik jiga jalan ka cai. > > > > Mun baraya kungsi maca dongéng kuring nu judulna "Kumaha Éngké" pasti > > masih kénéh inget kumaha bingungna adi kuring ngajalanan sakola Perwira > > Polri nu ngayakeun pundut pundé ka siswana lain ratus rebu deui, tapi > > nepikeun ka puluhan juta bari jeung teu boga modal. Geus jadi rusiah umum, > > remen nu nanyakeun mun geus lulus ti eta sakola,"Beak sabaraha?". Loba > > babaturanana nu geus beak mobil & imah. Alhamdulillah, kersaning Gusti milik > > mah timana wé… nepikeun ka dilantikna akhir bulan Oktober 2007 kamari > > manéhna dimodalan ku bati dagang kembang Anthurium. > > > > Basa poé pelantikan nu lumangsung di Sukabumi, nu datang tisiklukna ti > > suklakna, ti Aceh nepikeun ka Papua. Diramékeun ogé kunu dagang ti mimiti > > baju, cocoan, dahereun, sato jeung bungbuahan, aya ogé nu dagang kembang > > eros. Loba diantara kulawarga nu dilantik mareuli éta kembang jang kabogoh, > > salaki atawa pamajikanana. Sanggeus bérés acara, pating burubul kulawarga > > mikeun kembang eros sewang-sewangan. Adi beuteung kuring culang-cileung da > > teu kapikireun méré kembang keur pamajikanana tanda reueus, bungah jeung > > bagja, tungtungnamah ngomong kieu,"Dek, tau gini Mas bawain Gelombang Cinta > > yang tingginya semeter itu dari rumah…hahaha. " > > > > ro2 > > > > On 11/19/07, tenni supardi < [EMAIL PROTECTED] > wrote: > > > > > > kenging ti milis tatangga, mugi-mugi mangpaat... * > > > > > > Mewaspadai Wabah "Gelombang Cinta"* > > > > > > SETELAH masa booming bisnis ikan lohan berlalu, kini masyarakat > > > menghadapi kesibukan baru, yakni wabah gelombang cinta! Jenis tanaman hias > > > itu seolah menjadi sihir baru yang mampu menggerakkan hati orang-orang > > > yang > > > sebelumnya bahkan tidak punya ketertarikan sama sekali terhadap > > > tanam-tanaman. > > > > > > > > >

