Pun bibi,,, resep kana kembang, boga kembang anthurium nu kieu geus ti
bareto, ti saacan usum ngurus antharium.
aya hiji kembang anthurium anu geus badag pisan, jaba leubeut, tah eta
kembang teh sababaraha bulan katukang pernah ditawar ditukeuran ku mobil
jazz, cenah jang dipelakeun di Istana Negara.
ari ceuk kuring mah, anu teu resep kembang, mendingan dijual weh eta kembang
teh, da boga keneh anu laleutikna, tapi da dasar beuki jadina teu dijual,
keur mah meureunan geus boga Jazz. hihihihi...

tapi ceuk bibi kuring mah, ayeuna cenah teu mahal, soalna geus loba anu
miara, janten weh ayeuna mah paling mahal oge 25 juta. eta oge aya sih anu
nawarkeun ratusan juta, ngan nu meulina euweuh ayeuna mah. hihihihi...


-Bohay-

2007/11/20, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>    Wilujeng wayah kieu baraya...
> Ubral-obrol perkawis Anthurium, ngiring ngadongeng ah... :)
> **
> *Harééng Anthurium*
>
> Béda ti Lebaran kamari-kamari, kuring meunang SMS ti adi kuring nu eusina
> kieu :
>
> Tatkala sejuta Anthurium daun yang hadir…
> Terlukis sesuatu yang indah darinya.
> Semanis Gelombang Cinta
> Semerbak Hookeri Merah dan Hijau
> Seelok Black Beauty Burgundi
> Seunik daun Variegata
> Secerah harapan pada sebuah Jemani
> Seiring Corong mengumandangkan Takbir kemenangan
> Allahu Akbar 3x. Minal Aidin Wal Faidzin.
> Mohon maaf lahir & batin.
>
> Kuring ngan ukur seuri… hahah… dasar tukang kembang!
>
> Terang terus, éh terus terang kuring gé sabenerna keur meujeuhna
> katarajang "harééng Gelombang Cinta" nu sakitu "panas"na… Dauna héjo meles,
> sisina galing arela-areli, pakang jeung urat-urat daunna kacida weweg,
> nyanghareup ka luhur bangun boga wibawa. Pantes mun dilandih Kembang
> Karajaan nu sok diingu ku para ménak/ningrat, deuih hargana mahal
> kabina-bina. Teu anéh mun kunu jegud jeung loba duit, kembang ieu dibeuli
> pikeun nambahan géngsi.
>
> Sakapeung kuring gé teu ngarti naha harga Anthurium téh bisa mahal-mahal
> teuing? Piranagé kembang? Kamari mah maca dina Manglé nepi kaaya nu hargana
> samilyar sagala!Gusti Nu Agung! Nya, paingan atuh teu salah-salah teuing mun
> loba jelema nu kabongroy hayang téréh beunghar. Aya benerna ogé, yén
> masyarakat urang can bisa nangtunkeun mana nu diheulakeun. Mun ninggang dinu
> malarat masakat mah tipada meuli kembang kitu patut, mendingan meuli
> kéjoeun. Tapi ari jalema nu ngarti tur resep kana kaéndahan katambah boga
> duit mah, nya teu nanaon lain? Asal duitna duit tiis lain tina hasil maling,
> korupsi atawa pungli.
>
> Salaku awéwé kuring gé resep pisan kana kembang & pepelakan, pangpangnamah
> nu ngahasilkeun daun, sabab bisa jadi ubar keur panon jeung matak nyecep
> kana haté, pokonamah kaéndahanana teu bisa digambarkeun ku kecap atawa
> kalimah. Maklum tuda sapopoé ti isuk bentuk nepi ka soré jedér molototan baé
> komputer nu haben nyorotkeun radiasi. Katurug-turug aya béja ti adi kuring
> yén kiwari keur mahabu kembang Anthurium. Panasaran ogé éta kembang téh jiga
> kumaha? kuring ngan bisa sosorodotan ningalian di Internet, tina buku/koran
> & majalah. Ningali kitu adi beuteung kuring karunyaeun, manéhna haat méré
> kuring tilu kembang anakna kayaning Jemani, Gelombang Cinta jeung Variegata.
>
>
> Capé haté boga ingon-ingon téh, da buruan imah indung kuring heureut
> pisan, éta kembang dibawa ungkrah angkrih kaluar kajero. Isuk-isuk rék gawé,
> ku kuring diakutan ka luar, dicéboran, diilik-ilik ti sisi ti gigir, teu
> sidikna ditatap bari diusap. Mun keur kaparengan nyalsé sok dielapan ku
> busa, méh daunna hérang (héhéh…kaciri euweuh gawena téh). Keur
> "dahareunana", aya cai urut ngisikan sok dibanjurkeun lumayan jadi marontok,
> aya cacing & kutu daun dipiceunan. Kacida atoh jeung bungahna mun mucunghul
> pidauneun anyar, dinangna néngné jiga nanggeuy endog beubeureumna. Balik
> gawé liwat Magrib, ku kuring diampihkeun, da bisi disikat ku beurit, maklum
> beurit Sunda tea beuki lalab, kumaha mun dihakan? Jabaning mani baradag,
> meujeuhna keur saté-un atawa dijieun baso heheh…. Salian éta, pangpangnamah
> bisi aya nu maling…ngégél curuk pan?
>
> Manglayang, kitu ngaran toko kembang Anthurium bogana adi beuteung kuring.
> Naha lain Lawu nu deukeut ka imah manéhna? Bromo, Kendeng, atawa Kelud nu
> keur meujeuhna "batuk" jeung ngaran gunung-gunung lian nu aya di Jawa Timur?
> Majarkeun teh nineung pisan, sabab STPDN tempat manéhna baheula ngalap élmu
> aya di tutugan Gunung Manglayang jeung pamajikanana urang Sunda. Gawé bareng
> jeung babaturanana, manéhna ngajual ti mimiti siki nepi ka kembang nu
> jangkungna aya kana sameteran leuwih. Ti mimiti harga puluhan rewu nepi ka
> puluhan juta (promosi… baradé yeuh…! heheh…). Manéhna bur-ber asruk-asrukan
> nyiar Anthurium ka wewengkon sejen salian ti Jawa Timur tuluy disasar ka
> Jawa Tengah kaasup puseurna di Karanganyar Solo jeung Yogyakarta, geus puguh
> ari ka Lembang mah remen bulak-balik jiga jalan ka cai.
>
> Mun baraya kungsi maca dongéng kuring nu judulna "Kumaha Éngké" pasti
> masih kénéh inget kumaha bingungna adi kuring ngajalanan sakola Perwira
> Polri nu ngayakeun pundut pundé ka siswana lain ratus rebu deui, tapi
> nepikeun ka puluhan juta bari jeung teu boga modal. Geus jadi rusiah umum,
> remen nu nanyakeun mun geus lulus ti eta sakola,"Beak sabaraha?". Loba
> babaturanana nu geus beak mobil & imah. Alhamdulillah, kersaning Gusti milik
> mah timana wé… nepikeun ka  dilantikna akhir bulan Oktober 2007 kamari
> manéhna dimodalan ku bati dagang kembang Anthurium.
>
> Basa poé pelantikan nu lumangsung di Sukabumi, nu datang tisiklukna ti
> suklakna, ti Aceh nepikeun ka Papua. Diramékeun ogé kunu dagang ti mimiti
> baju, cocoan, dahereun, sato jeung bungbuahan, aya ogé nu dagang kembang
> eros. Loba diantara kulawarga nu dilantik mareuli éta kembang jang kabogoh,
> salaki atawa pamajikanana. Sanggeus bérés acara, pating burubul kulawarga
> mikeun kembang eros sewang-sewangan. Adi beuteung kuring culang-cileung da
> teu kapikireun méré kembang keur pamajikanana tanda reueus, bungah jeung
> bagja, tungtungnamah ngomong kieu,"Dek, tau gini Mas bawain Gelombang Cinta
> yang tingginya semeter itu dari rumah…hahaha. "
>
> ro2
>
> On 11/19/07, tenni supardi < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >      kenging ti milis tatangga, mugi-mugi mangpaat... *
> >
> > Mewaspadai Wabah "Gelombang Cinta"*
> >
> > SETELAH masa booming bisnis ikan lohan berlalu, kini masyarakat
> > menghadapi kesibukan baru, yakni wabah gelombang cinta! Jenis tanaman hias
> > itu seolah menjadi sihir baru yang mampu menggerakkan hati orang-orang yang
> > sebelumnya bahkan tidak punya ketertarikan sama sekali terhadap
> > tanam-tanaman.
> >
>
>  
>

Kirim email ke