Mun duit 25 juta...
dibeulikeun sawidang taneuh. Tuluy dipelakan cau..
sarupaning cacauan..
geus panen cau, dagang goreng cau atawa nyieunan Sale..


-dul-


--- In [email protected], "Reka \"Bohay\"" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Pun bibi,,, resep kana kembang, boga kembang anthurium nu kieu geus 
ti
> bareto, ti saacan usum ngurus antharium.
> aya hiji kembang anthurium anu geus badag pisan, jaba leubeut, tah 
eta
> kembang teh sababaraha bulan katukang pernah ditawar ditukeuran ku 
mobil
> jazz, cenah jang dipelakeun di Istana Negara.
> ari ceuk kuring mah, anu teu resep kembang, mendingan dijual weh 
eta kembang
> teh, da boga keneh anu laleutikna, tapi da dasar beuki jadina teu 
dijual,
> keur mah meureunan geus boga Jazz. hihihihi...
> 
> tapi ceuk bibi kuring mah, ayeuna cenah teu mahal, soalna geus loba 
anu
> miara, janten weh ayeuna mah paling mahal oge 25 juta. eta oge aya 
sih anu
> nawarkeun ratusan juta, ngan nu meulina euweuh ayeuna mah. 
hihihihi...
> 
> 
> -Bohay-
> 
> 2007/11/20, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> >    Wilujeng wayah kieu baraya...
> > Ubral-obrol perkawis Anthurium, ngiring ngadongeng ah... :)
> > **
> > *Harééng Anthurium*
> >
> > Béda ti Lebaran kamari-kamari, kuring meunang SMS ti adi kuring 
nu eusina
> > kieu :
> >
> > Tatkala sejuta Anthurium daun yang hadir…
> > Terlukis sesuatu yang indah darinya.
> > Semanis Gelombang Cinta
> > Semerbak Hookeri Merah dan Hijau
> > Seelok Black Beauty Burgundi
> > Seunik daun Variegata
> > Secerah harapan pada sebuah Jemani
> > Seiring Corong mengumandangkan Takbir kemenangan
> > Allahu Akbar 3x. Minal Aidin Wal Faidzin.
> > Mohon maaf lahir & batin.
> >
> > Kuring ngan ukur seuri… hahah… dasar tukang kembang!
> >
> > Terang terus, éh terus terang kuring gé sabenerna keur meujeuhna
> > katarajang "harééng Gelombang Cinta" nu sakitu "panas"na… Dauna 
héjo meles,
> > sisina galing arela-areli, pakang jeung urat-urat daunna kacida 
weweg,
> > nyanghareup ka luhur bangun boga wibawa. Pantes mun dilandih 
Kembang
> > Karajaan nu sok diingu ku para ménak/ningrat, deuih hargana mahal
> > kabina-bina. Teu anéh mun kunu jegud jeung loba duit, kembang ieu 
dibeuli
> > pikeun nambahan géngsi.
> >
> > Sakapeung kuring gé teu ngarti naha harga Anthurium téh bisa 
mahal-mahal
> > teuing? Piranagé kembang? Kamari mah maca dina Manglé nepi kaaya 
nu hargana
> > samilyar sagala!Gusti Nu Agung! Nya, paingan atuh teu salah-salah 
teuing mun
> > loba jelema nu kabongroy hayang téréh beunghar. Aya benerna ogé, 
yén
> > masyarakat urang can bisa nangtunkeun mana nu diheulakeun. Mun 
ninggang dinu
> > malarat masakat mah tipada meuli kembang kitu patut, mendingan 
meuli
> > kéjoeun. Tapi ari jalema nu ngarti tur resep kana kaéndahan 
katambah boga
> > duit mah, nya teu nanaon lain? Asal duitna duit tiis lain tina 
hasil maling,
> > korupsi atawa pungli.
> >
> > Salaku awéwé kuring gé resep pisan kana kembang & pepelakan, 
pangpangnamah
> > nu ngahasilkeun daun, sabab bisa jadi ubar keur panon jeung matak 
nyecep
> > kana haté, pokonamah kaéndahanana teu bisa digambarkeun ku kecap 
atawa
> > kalimah. Maklum tuda sapopoé ti isuk bentuk nepi ka soré jedér 
molototan baé
> > komputer nu haben nyorotkeun radiasi. Katurug-turug aya béja ti 
adi kuring
> > yén kiwari keur mahabu kembang Anthurium. Panasaran ogé éta 
kembang téh jiga
> > kumaha? kuring ngan bisa sosorodotan ningalian di Internet, tina 
buku/koran
> > & majalah. Ningali kitu adi beuteung kuring karunyaeun, manéhna 
haat méré
> > kuring tilu kembang anakna kayaning Jemani, Gelombang Cinta jeung 
Variegata.
> >
> >
> > Capé haté boga ingon-ingon téh, da buruan imah indung kuring 
heureut
> > pisan, éta kembang dibawa ungkrah angkrih kaluar kajero. Isuk-
isuk rék gawé,
> > ku kuring diakutan ka luar, dicéboran, diilik-ilik ti sisi ti 
gigir, teu
> > sidikna ditatap bari diusap. Mun keur kaparengan nyalsé sok 
dielapan ku
> > busa, méh daunna hérang (héhéh…kaciri euweuh gawena téh). Keur
> > "dahareunana", aya cai urut ngisikan sok dibanjurkeun lumayan 
jadi marontok,
> > aya cacing & kutu daun dipiceunan. Kacida atoh jeung bungahna mun 
mucunghul
> > pidauneun anyar, dinangna néngné jiga nanggeuy endog 
beubeureumna. Balik
> > gawé liwat Magrib, ku kuring diampihkeun, da bisi disikat ku 
beurit, maklum
> > beurit Sunda tea beuki lalab, kumaha mun dihakan? Jabaning mani 
baradag,
> > meujeuhna keur saté-un atawa dijieun baso heheh…. Salian éta, 
pangpangnamah
> > bisi aya nu maling…ngégél curuk pan?
> >
> > Manglayang, kitu ngaran toko kembang Anthurium bogana adi 
beuteung kuring.
> > Naha lain Lawu nu deukeut ka imah manéhna? Bromo, Kendeng, atawa 
Kelud nu
> > keur meujeuhna "batuk" jeung ngaran gunung-gunung lian nu aya di 
Jawa Timur?
> > Majarkeun teh nineung pisan, sabab STPDN tempat manéhna baheula 
ngalap élmu
> > aya di tutugan Gunung Manglayang jeung pamajikanana urang Sunda. 
Gawé bareng
> > jeung babaturanana, manéhna ngajual ti mimiti siki nepi ka 
kembang nu
> > jangkungna aya kana sameteran leuwih. Ti mimiti harga puluhan 
rewu nepi ka
> > puluhan juta (promosi… baradé yeuh…! heheh…). Manéhna bur-ber 
asruk-asrukan
> > nyiar Anthurium ka wewengkon sejen salian ti Jawa Timur tuluy 
disasar ka
> > Jawa Tengah kaasup puseurna di Karanganyar Solo jeung Yogyakarta, 
geus puguh
> > ari ka Lembang mah remen bulak-balik jiga jalan ka cai.
> >
> > Mun baraya kungsi maca dongéng kuring nu judulna "Kumaha Éngké" 
pasti
> > masih kénéh inget kumaha bingungna adi kuring ngajalanan sakola 
Perwira
> > Polri nu ngayakeun pundut pundé ka siswana lain ratus rebu deui, 
tapi
> > nepikeun ka puluhan juta bari jeung teu boga modal. Geus jadi 
rusiah umum,
> > remen nu nanyakeun mun geus lulus ti eta sakola,"Beak sabaraha?". 
Loba
> > babaturanana nu geus beak mobil & imah. Alhamdulillah, kersaning 
Gusti milik
> > mah timana wé… nepikeun ka  dilantikna akhir bulan Oktober 2007 
kamari
> > manéhna dimodalan ku bati dagang kembang Anthurium.
> >
> > Basa poé pelantikan nu lumangsung di Sukabumi, nu datang 
tisiklukna ti
> > suklakna, ti Aceh nepikeun ka Papua. Diramékeun ogé kunu dagang 
ti mimiti
> > baju, cocoan, dahereun, sato jeung bungbuahan, aya ogé nu dagang 
kembang
> > eros. Loba diantara kulawarga nu dilantik mareuli éta kembang 
jang kabogoh,
> > salaki atawa pamajikanana. Sanggeus bérés acara, pating burubul 
kulawarga
> > mikeun kembang eros sewang-sewangan. Adi beuteung kuring culang-
cileung da
> > teu kapikireun méré kembang keur pamajikanana tanda reueus, 
bungah jeung
> > bagja, tungtungnamah ngomong kieu,"Dek, tau gini Mas bawain 
Gelombang Cinta
> > yang tingginya semeter itu dari rumah…hahaha. "
> >
> > ro2
> >
> > On 11/19/07, tenni supardi < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > >      kenging ti milis tatangga, mugi-mugi mangpaat... *
> > >
> > > Mewaspadai Wabah "Gelombang Cinta"*
> > >
> > > SETELAH masa booming bisnis ikan lohan berlalu, kini masyarakat
> > > menghadapi kesibukan baru, yakni wabah gelombang cinta! Jenis 
tanaman hias
> > > itu seolah menjadi sihir baru yang mampu menggerakkan hati 
orang-orang yang
> > > sebelumnya bahkan tidak punya ketertarikan sama sekali terhadap
> > > tanam-tanaman.
> > >
> >
> >  
> >
>


Kirim email ke