sipat2 hade kitu ayeuan disebut kesalehan sosial. baheula mah meureun sikep kitu teh loba jeung kandel di jelema. tapi ayeuna mah jadi barang langka.
kuota haji pinuh bae ti urang. loba nu unggal taun umroh, bari geus haji oge. aya artis pesta ulang taun beak samiliar. dibandingkeun jeung rahayat loba nu sangsara. eh, ketang sok aya beja, utamana bulan puasa. sok aya acara buka bersama anak yatim di panti anu. hehe. budaya urang geus jauh robah. lieur musinganana. teu padulian jadi karandel. lain teu hayang meuli mercedes S 600, kahiji, duitna euweuh, kadua, kacipta diparapatan, loba nu barangmaen. beu...paradoks atawa kontradiksi hirup memang kitu. sok aya cita2, urang sunda 40 jutaan urang, mun saurang nyumbang sarebu, jadi 4 miliar. bisa meureun pikeun mantuan naon bae, ngahadean wangunan SD nu rusak, atawa nulung nu fakir miskin, tapi hese prakna. da realitas mah teu kitu. On Nov 20, 2007 5:52 PM, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > > kan aya tangkal anu dihargaana per daun. sa daun sa kitu > Naha naon atuh anu di harepkeun tina salambar daun. > mun kitu ngandung khasiat obat, kaharti, najan rek samiliar oge hargana. > > tapi lamun keur kasenangan hungkul mah, kalahka miceunan duit. > padahalmah tatanggana loba keneh anu miskin, loba keneh anu putus sekolah. > kapanan mendingan dipake nulungan batur. > > atawa memang hatena geus paeh teu paduli kana kasusah batur. > anu penting "PUAS", bisa meuli tangkal anu keur nge-tren. > komo deui hargana sakitu ratus juta. > bisa pamer. > "Ini lho pohon yang saya beli 250.000.000,-" > bari irungna rebeh, asa pang beungharna. > -- geocities.com/mangjamal

