Nampa ondangan geus lila ti IPI Bandung, IPI teh Ikatan Pustakawan Indonesia
gawe bareng jeung BI (Bank Indonesia) Bandung, nyayakeun seminar anu temana
Perpustakaan Dan Pustaka Sunda, tempatna di kantor BI jalan Braga Bandung,
kuring kapeto jadi salah sahiji pembicara bareng jeung Kang Hawe.
Ari kuring mah ngan saukur ngadadarkeun pangalaman muka Rumah Baca Buku Sunda,
tah pangalaman eta anu dijual teh.
Intina kuring ngadadarkeun boga buku basa Sunda rada loba teh lain meunang
meuli saharita, tapi bibilintik meh salila dua puluh tujuh taun, ti taun 1980
tug nepi ka ayeuna, boga sesa waragad tina rumah tangga saeutik, dibeulikeun
buku boh hiji boh dua kumaha regana we, kumaha kabedagna. Ceuk kuring nu
disebut pabukon, teh teu kudu ngajenggleng gede, komo keur nu disebut pabukon
kulawarga, cukup aya kasaluyuan antara anggota kulawarga perenahkeun di juru
atawa dimana we di imah, anggap eta pabukon. Keur ngamimitian mah teu kudu loba
cukup hiji dua asal aya niat keur nambahan kahareupna tur maca teh sahenteuna
jadi kabiasaan kulawarga.
Sakitu anu dijual teh. Ngocoblak aya sajamna, ditambahan ku tanya jawab. Ari
rengse digeroan ku panitia, dibere amplop, eusina mah moal dibeja-beja
ah...pamali bisi kadengeeun ku cakcak bodas hayoh keh dianggap
grativikasi....tapi ketah da kuring mah geus jadi somah lain amtenar deui....,
jadi masing nampa mindeng ge tina ladang ngabamblam teu jadi matak. Kuring ge
ngajak lamun tea mah anu ngarasa diimah geus aya pabukon kulawarga tur bukuna
loba sangkan muka Rumah Baca atawa naon we ngaranna mah, da risikona mah ngan
hiji nyaeta imah jadi kagiridig, tapi loba silaturahmi jeung batur, bari buku
leuwih mangpaat da dibaca ku batur anu perelueun.
Ari kang Hawe ngabahas hal pustaka Sunda kuno, kaayaanana tur kumaha
ngamumulena, kaasup geus ditalungtik atawa encan, behna mah aya naskah Sunda
kuno teh jumlahna 2919 lempir, anu geus katalungtik tur geus dijieun
terjemahanana ngan ukur 700an, poho deui persisna mah ngan kurang leuwih
sakitu, atuh sesana aya kana dua rebuan deui. Beu kacida lobana anu can kungsi
katalungtik.
Duka teuing tah kumaha lajuning laku tina ieu seminar, naha bakal leungit
kasapu ku angin atawa kumaha, wallohua'lam. Anu hadir teh kaitung loba, boh ti
BI Bandung nu jadi sohibulbet, jeung ondangan sejen.
Ieu mah ngan sakadar ngabejaan bulu tuur we.
MSas