Leuheung mun enya hobi... Heheh... Pan lolobana mah ukur tuturut munding, padahal geus puguh munding mah karesepna guyang leuleutakan, tapi da hayang katangar boga rasa seni jeung estetika, katangar micinta kaendahan... Nu itu keukeuh barang beuli sakahayangna, "*Duit, duit aing ieuh. Naha sia bet protes?*" Nu ieu keukeuh nyebut teu kagungan gableg, eh, "*Dasar teu gableg kapadulian sosial... Nu dipikiran teh kasenangan sorangan bae...*" "*Na marukan aing teu kungsi nyumbang kitu? Marukan saha nu ngawangun panti asuhan di ditu teh?!!*" "*Saha kitu?*" "*Nya kateuing atuh!! Da aing ge teu apal...*" "*Jih..!! Sugan Si Jay nya ilaing mah?!!*"
On 11/20/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Dina perkara ieu, kuring ngarasa cocok jeung pipikiran > mang Jamal anu netelakeun "Dunya hobi beda jeung > dunya mangpaat". Anu kahiji leuwih dominan dina > perkara rasa anu hese ditaker sacara kuantitatif. Ari > nu hiji deui leuwih nonjolkeun itung-itungan untung > rugi, mangpaat jeung mudorat. Duanana oge boga > kaidah/aturan "sistem" sewang-sewangan. > -- sikandar su.wikipedia.org www.urang-sunda.or.id

