Euleuh, geuning teu aya anu ngabageakeun kana
kapilihna Hatta Radasa, jadi pupuhu Ikatan Alumni ITB.
Padahal di KUSnet teh pabalatak alumni cap gajah
cindeten (niron istilah ti Mang J). Naha kitu heunteu
nyoblos alias golput? Soalna tina 40 rewu alumni, anu
nyoblos ngan 9 rewuan.
Urang banding-bandingkeun geura, Katua IA ITB jeung
Ketua ILUNI UI. Duanana menteri. Anu hiji Menteri
Sekretaris Negara, anu hiji deui Menteri Negara
BUMN.Duanana oge pangalaman di widang bisnis (sonagar)
samemeh jadi birokrat. Tapi Ketua IA ITB, punjul dina
perkara pangalaman di partai politik. Duanana oge
urang sabrang (Padang jeung Aceh). Duanana sakola di
paguron luhur di Jawa. Tapi Ketua ILUNI UI punjul,
bisa neruskeun tolab ilmi (S2 jeung S3) di Tuff
University AS.
Sabage Ketua ILUNI UI, dina kapamingpinanan
(2007-2010), niat rek neangan kipayah 2 Trilyun pikeun
UI. Ketua IA ITB, jigana moal eleh, salaku menteri
gudangna nagara, pasti loba info aya lolongkrang
proyek (penelitian) anu bakal ngahasilkeun duit
pikeun ITB.
Aya deui anu leuwih Pinunjul dina dina diri Hatta
Rajasa tibatan nu sejenna. Ceuk “panoong goib” kuring
mah, inyana teh bisa jadi kandidat kuat pikeun jadi
calon Wakil Presiden taun 2009-2013.
Baktos,
mrachmat Uidipura
ngan bisa jadi "panoong goib"
____________________________________________________________________________________
Get easy, one-click access to your favorites.
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo.com/r/hs